Pindah kana eusi

Aya Teu Ayat-Ayat Alkitab nu Bisa Ngahibur Abdi?

Aya Teu Ayat-Ayat Alkitab nu Bisa Ngahibur Abdi?

Jawaban Alkitab

 Aya. (Roma 15:4) Misalna, perhatikeun sababaraha ayat nu geus ngahibur loba jalma waktu boga masalah jeung ngarasa susah haté.

Dina artikel ieu

 Kasangsaraan

 Jabur 23:4: ”Najan nyorang nu poek ngajumbleng, abdi teu kedah sieun, nun PANGERAN, reh Gusti nyarengan!”

 Maksudna: Mun anjeun ngadoa ka Allah sarta néangan naséhat tina Firman-Na, nyaéta Alkitab, anjeun bisa teger nyanghareupan kasangsaraan.

 Filipi 4:13: ”Dina kaayaan nu kumaha baé ogé, kuring sanggup nyanghareupanana lantaran dibéré kakuatan ku Allah.”

 Maksudna: Allah bisa méré anjeun kakuatan pikeun nyanghareupan masalah naon waé.

 Ditinggal maot ku kulawarga atawa babaturan

 Pandita 9:10: ”Ari geus paeh mah moal bisa obah-obah acan, moal bisa mikir, moal aya kanyaho, moal pinter.”

 Maksudna: Jalma nu geus maot téh teu nyaho nanaon. Maranéhna teu ngarasa kasiksa jeung teu bisa nyilakakeun urang.

 Kisah 24:15: ”Nu maot bakal dihirupkeun deui.”

 Maksudna: Allah bisa ngahirupkeun deui kulawarga atawa babaturan urang nu geus maot.

 Parasaan salah nu teu leungit-leungit

 Jabur 86:5: ”Reh Gusti a teh langsar manah, jembar hampura, murah asih ka sugri nu sok sasambat.”

 Maksudna: Allah ngahampura jalma-jalma nu bener-bener tobat sarta upaya sakuat tanaga supaya teu ngalakukeun deui kasalahan nu sarua.

 Jabur 103:12: ”Sakumaha anggangna wetan ti kulon, nya sakitu jauhna dosa-dosa urang dijauhkeunana ti urang.”

 Maksudna: Mun Allah geus ngahampura urang, éta hartina dosa-dosa urang téh geus dijauhkeun ti urang. Anjeunna moal nginget-nginget deui dosa urang atawa ngahukum urang ku lantaran dosa éta.

 Kasedih

 Jabur 31:8: ”Gusti tingali yen abdi teh sangsara, uninga yen abdi teh keur susah.”

 Maksudna: Lamun anjeun keur susah haté, Allah téh merhatikeun anjeun. Terus sanajan batur teu ngarti naon nu dirasakeun ku anjeun, Allah mah ngarti.

 Jabur 34:19: ”PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan.”

 Maksudna: Allah jangji bakal nguatkeun anjeun lamun anjeun keur susah haté. Allah gé bakal méré kakuatan supaya anjeun bisa teger.

 Panyakit

 Jabur 41:4: ”Ana gering, ku PANGERAN tangtu dilayad, dipulihkeun deui kasehatanana.”

 Maksudna: Mun anjeun gering, Allah bisa ngabantu anjeun ku cara méré katengtreman, katabahan, kakuatan, jeung kabijaksanaan.

 Yesaya 33:24: ”Moal aya anu udah-aduh ku panyakit.”

 Maksudna: Allah jangji, engké mah kabéh manusa bakal séhat.

 Strés

 Jabur 94:19: ”Nalika abdi nuju honcewang seueur kasalempang, ku Gusti dililipur malar janglar.”

 Maksudna: Lamun urang ménta bantuan Allah waktu keur strés, Anjeunna téh bisa mantuan urang ngarah tetep tenang.

 1 Pétrus 5:7: ”Pasrahkeun sakabéh kahariwangan aranjeun ka Anjeunna, lantaran Anjeunna merhatikeun aranjeun.”

 Maksudna: Allah téh prihatin lamun urang loba pikiran. Anjeunna hayang urang nyaritakeun kabéh masalah urang dina doa.

 Perang

 Jabur 46:10: ”Mantenna ngeureunkeun peperangan di sakuliah jagat.”

 Maksudna: Pamaréntahan Allah bakal nyingkirkeun kabéh perang.

 Psalm 37:11, 29 (Terjemahan Dunia Baru): ”Nu lemah lembut bakal ngapimilik bumi, maranéhna bakal kacida bagjana sabab ngarasa tengtrem pisan. . . . Jalma bener bakal ngapimilik bumi sarta bakal hirup salilana di ditu.”

 Maksudna: Jalma bener bakal hirup tengtrem salilana di bumi.

 Hariwang kana kahirupan ka hareupna

 Yermia 29:11: ”Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh. Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup.”

 Maksudna: Allah jangji umat-Na bakal boga kahirupan nu éndah ka hareupna.

 Wahyu 21:4: ”Anjeunna bakal nyusutan cipanon maranéhna. Moal aya deui nu maot. Kitu ogé moal aya deui nu sedih, ceurik, atawa ngarasa nyeri. Hal-hal nu heubeul geus sirna.”

 Maksudna: Allah jangji bakal nyingkirkeun sagala hal goréng nu ditingali jeung nu kaalaman ku urang ayeuna.

a Gusti Allah téh boga nami, nyaéta Yéhuwa. (Jabur 83:18, Terjemahan Dunia Baru) Tingali artikel ”Saha Yéhuwa téh?