Pindah kana eusi

Keur Naon Abdi Ngadoa? Naha Allah Bakal Ngajawab?

Keur Naon Abdi Ngadoa? Naha Allah Bakal Ngajawab?

Jawaban Alkitab

 Tangtu. Kisah di Alkitab atawa pangalaman hirup némbongkeun yén Allah téh ngajawab doa jalma-jalma. Alkitab nyebutkeun, ”Mantenna nyumponan kabutuh jalma anu ngahormat, kersa ngadangu sarta nyalametkeun sakur nu jumerit ka Mantenna.” (Jabur 145:19) Tapi, dijawab henteuna doa Sadérék, gumantung kana Sadérékna ogé.

Nu jadi sual keur Allah

  •   Kudu ngadoa ka Allah, lain ka Yésus, Mariam, santo-santo, malaikat, gambar atawa patung. Ngan Allah Yéhuwa nu ”ngamakbul kana paneda”.—Jabur 65:3.

  •   Doa urang kudu luyu jeung kahoyong atawa pangersa Allah nu dicatet dina Alkitab.—1 Yohanes 5:14.

  •   Doa urang kudu ditepikeun liwat nami Yésus, ku kituna urang ngahargaan anjeunna. Ceuk Yésus, ”Lamun henteu ku jalan Kami, moal aya anu bisa datang ka Rama.”—Yohanes 14:6.

  •   Waktu ngadoa, urang kudu boga iman. Lamun perlu, urang gé bisa ménta supaya iman urang dikuatkeun.—Mateus 21:22; Lukas 17:5.

  •   Waktu ngadoa, urang kudu rendah haté sarta enya-enya. Alkitab ngajelaskeun, ”Gusti teh maha luhur, kacida luhurna, nanging kersa nitenan jalmi nu laip.”—Jabur 138:6.

  •   Urang kudu terus ménta. Yésus ngomong, ’Kudu terus menta, tangtu bakal dibere.’—Lukas 11:9.

Nu teu jadi sual keur Allah

  •   Ras atawa suku bangsa Sadérék. ”Di [payuneun] Allah mah jalmi teh sami. Bangsa naon oge upami ngabakti ka Mantenna sareng hade kalakuanana mah tangtos ku Mantenna diangken.”—Rasul 10:34, 35.

  •   Posisi awak. Sadérék bisa ngadoa ka Allah bari diuk, dongko, sujud, atawa nangtung.—1 Babad 17:16; Nehemia 8:6; Daniel 6:10; Markus 11:25, NW.

  •   Ku sora tarik atawa dina jero haté. Allah bakal ngajawab doa urang nu di jero haté, sanajan batur teu ngadéngé.—Nehemia 2:1-6.

  •   Masalah Sadérék leutik atawa gedé. Allah nguatkeun urang pikeun ’ngunjukkeun sagala kasusah ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.’—1 Petrus 5:7.