Pindah kana eusi

Naha Eusi Alkitab téh Geus Dirobah?

Naha Eusi Alkitab téh Geus Dirobah?

 Henteu. Sanajan geus mangkali-kali disalin kana bahan nu gampang ruksak salila rébuan taun, lamun dibandingkeun jeung manuskrip-manuskrip kuno séjénna mah, eusi Alkitab téh teu barobah.

Naha enya teu pernah aya kasalahan waktu Alkitab disalin?

 Aya rébuan manuskrip Alkitab kuno nu geus kapanggih. Lamun sababaraha manuskrip dibandingkeun, aya hal-hal nu béda. Éta nunjukkeun ayana kasalahan waktu manuskripna disalin. Sanajan kitu, lolobana mah bédana ngan saeutik jeung harti ayatna teu barobah. Tapi aya ogé nu bédana jauh pisan, sabab baheula aya jalma-jalma nu upaya pikeun ngarobah eusi Alkitab. Tingali dua conto ieu:

  1.   Di 1 Yohanes 5:7, sababaraha tarjamahan Alkitab kuno ngamuat kekecapan ieu: ”di sawarga: Bapa, Firman, jeung Roh Suci; tiluanana téh hiji.” Tapi, manuskrip-manuskrip nu bisa dipercaya nunjukkeun yén kekecapan aslina mah teu siga kitu. Éta kekecapan téh ditambahkeun. a Jadi, sababaraha tarjamahan Alkitab modéren nu bisa dipercaya teu ngasupkeun kekecapan éta.

  2.   Nami Gusti dimuat rébuan kali dina manuskrip-manuskrip kuno Alkitab. Tapi dina sababaraha tarjamahan Alkitab, nami-Na diganti ku gelar saperti ”Pangeran” atawa ”Gusti”.

Ti mana urang bisa yakin yén euweuh kasalahan séjénna?

 Loba manuskrip nu geus kapanggih, jadi leuwih gampang pikeun mariksa kasalahan dina hiji salinan Alkitab. b Sanggeus manuskrip-manuskrip éta dibandingkeun, naon nu ngabuktikeun yén Alkitab ayeuna téh akurat?

  •   Saurang ahli nu ngaranna William H. Green méré koméntar ngeunaan ayat tina Kitab-Kitab Ibrani (nu disebut ”Perjangjian Lawas”). Ceuk manéhna, ”Urang bisa yakin, euweuh karya séjén nu diwariskeun ti jaman baheula sakitu percisna.”

  •   Ahli Alkitab nu ngaranna F. F. Bruce méré koméntar ngeunaan ”Perjangjian Anyar” atawa Kitab-Kitab Yunani Kristen, ”Aya leuwih loba bukti ngeunaan Perjangjian Anyar ti batan kalolobaan karya tulis kuno séjénna, tapi euweuh nu cangcaya kana asli henteuna karya tulis kuno éta.”

  •   Sir Frederic Kenyon, saurang ahli manuskrip Alkitab ngomong, urang ”bisa nyepeng Alkitab bari ngomong sacara yakin sarta wani yén ieu téh Firman ti Allah, nu geus diturunkeun ti génerasi ka génerasi salila mangabad-abad, tapi euweuh hal penting nu leungit ti jerona.”

Naon deui alesan nu bisa ngayakinkeun urang yén eusi Alkitab téh akurat waktu disalin?

  •   Urang Yahudi jeung urang Kristen nu nyalin Alkitab teu ngaleungitkeun kisah ngeunaan kasalahan gedé nu dilakukeun ku umat Allah. c (Bilangan 20:12; 2 Samuel 11:2-4; Galata 2:11-14) Maranéhna ogé teu ngaleungitkeun carita ngeunaan bangsa Yahudi nu teu taat jeung carita nu ngabolékérkeun pangajaran nu asalna ti manusa. (Hosea 4:2; Malaki 2:8, 9; Mateus 23:8, 9; 1 Yohanes 5:21) Jalma-jalma nu nyalin Alkitab nunjukkeun iman jeung panghargaan maranéhna kana Firman Allah ku cara teu ngarobah eusi Alkitab waktu disalin.

  •   Alkitab téh diilhamkeun ku Allah. Jadi, asup akal lamun eusina dijaga supaya tetep akurat ku Mantenna. d (Yesaya 40:8; 1 Petrus 1:24, 25) Mantenna ogé hoyong jalma-jalma di jaman baheula jeung di jaman ayeuna meunang mangpaat tina Alkitab. (1 Korinta 10:11) Sabenerna, ”Anu ditulis dina Kitab Suci teh kabeh oge maksudna ngajar urang, kudu sabar tawekal supaya urang ulah nepi ka pegat harepan. Kitu eusi pangajaranana ka urang.”—Rum 15:4.

  •   Yésus jeung murid-muridna ogé osok nyutat kekecapan nu asalna tina salinan Kitab-Kitab Ibrani. Maranéhna yakin yén tulisan-tulisan kuno éta téh akurat.—Lukas 4:16-21; Rasul 17:1-3.

a Éta kekecapan henteu dimuat dina Kodeks Sinaitikus, Kodeks Aleksandrinus, Manuskrip Vatikanus 1209, naskah asli Vulgata Latin, Philoxenian-Harclean versi basa Siria, atawa Pesyita Siria.

b Misalna, aya leuwih ti 5.000 manuskrip Yunani nu disebut Perjangjian Anyar, atawa Kitab-Kitab Yunani Kristen nu geus kapanggih.

c Alkitab teu nunjukkeun yén Allah téh ngagunakeun jalma-jalma nu sampurna. Dina Alkitab disebutkeun, ”Jalmi mah teu aya anu luput tina kalepatan.”​—1 Raja 8:46.

d Alkitab nunjukkeun, Allah teu ngadiktékeun naon waé nu kudu ditulis, tapi Mantenna ngabingbing pikiran jalma-jalma nu nulis Alkitab.—2 Timoteus 3:16, 17; 2 Petrus 1:21.