Pindah kana eusi

Naon Jiwa téh?

Naon Jiwa téh?

Jawaban Alkitab

 Dina Alkitab, kecap ”jiwa” téh ditarjamahkeun tina kecap Ibrani nefes jeung kecap Yunani psykhe. Dina basa Ibrani, kecap éta téh hartina ”mahluk nu boga napas”. Ari dina basa Yunani, kecap éta téh hartina ”mahluk hirup”. a Jadi, jiwa hiji mahluk téh ngamaksudkeun mahluk éta, lain hiji bagian nu tetep hirup sanggeus mahluk éta maot. Perhatikeun kumaha Alkitab nunjukkeun yén jiwa saurang manusa téh nya ngamaksudkeun manusa éta kénéh:

Adam teu dibéré jiwa, tapi manéhna ”jadi jiwa nu hirup”

  •   Waktu Allah Yéhuwa nyiptakeun manusa nu mimiti, nyaéta Adam, Alkitab nyebutkeun yén ”manusa éta jadi jiwa nu hirup”. (Kajadian 2:7, Terjemahan Dunia Baru, catetan handap) Adam teu dibéré jiwa, tapi manéhna jadi jiwa, atawa manusa, nu hirup.

  •   Ceuk Alkitab, jiwa téh bisa dahar, digawé, jeung ngarasa lapar. (Imamat 7:​20, Terjemahan Dunia Baru; Imamat 23:30, Terjemahan Dunia Baru; Ulangan 12:20, Terjemahan Dunia Baru) Hal-hal éta téh dilakukeun ku jalma nu hirup.

Jiwa téh bisa paéh teu?

 Bisa. Loba ayat dina Alkitab nunjukkeun jiwa bisa paéh. Perhatikeun sababaraha contona:

  •   ”Jiwa nu ngalakukeun dosa kudu paéh.”​—Yeheskel 18:​4, 20, Terjemahan Dunia Baru.

  •   ”Waktu manéhna muka ségel nu kalima, kuring ningali dina dasar mézbah aya getih [jiwa] jalma-jalma nu diparaéhan lantaran taat kana firman Allah jeung lantaran ngawawarkeun hal éta.”​—Wahyu 6:9, catetan handap.

  •   Dina sababaraha tarjamahan Alkitab, kecap Ibrani nefes téh ditarjamahkeun jadi ”jalma nu maot” atawa ”mayit”.​—Imamat 21:11, Terjemahan Dunia Baru; Bilangan 6:6, 7.

”Jiwa” bisa ngamaksudkeun ”nyawa”

 Alkitab ogé ngagunakeun kecap ”jiwa” pikeun ngamaksudkeun ”nyawa”. Misalna, Ayub 33:22 (Terjemahan Dunia Baru) ngagunakeun kecap Ibrani ”jiwa” (nefes) pikeun ngamaksudkeun ”nyawa”. Alkitab nunjukkeun yén jiwa, atawa nyawa, saurang jalma bisa kaancam atawa leungit.​—Budalan 4:​19, Terjemahan Dunia Baru; Hakim 9:​17; Filipi 2:​30.

 Ku lantaran kecap ”jiwa” bisa ngamaksudkeun ”nyawa”, urang jadi ngarti ku naon aya ayat nu nyebutkeun ”jiwana indit”. (Kajadian 35:18, Terjemahan Dunia Baru, catetan handap) Basa kiasan ieu nunjukkeun saurang jalma nu téréh maot. Sababaraha Alkitab narjamahkeun kekecapan dina Kajadian 35:18 jadi ”manéhna sakarat”.

Pangajaran yén jiwa teu bisa paéh téh asalna ti mana?

 Pangajaran nu dipercaya ku garéja-garéja yén jiwa teu bisa paéh téh asalna lain tina Alkitab, tapi tina palsapah Yunani kuno. Hiji réferénsi nyebutkeun yén dina Alkitab, jiwa téh ngamaksudkeun mahluk nu boga napas. Jiwa téh lain hiji hal nu teu katingali sarta misah tina awak. Garéja-garéja percaya yén jiwa téh misah tina awak lantaran kapangaruhan ku palsapah Yunani kuno.

 Allah embung urang nyampur-nyampurkeun pangajaran ti Anjeunna jeung palsapah-palsapah manusa, misalna kapercayaan yén jiwa teu bisa paéh. Alkitab ngingetan urang, ”Sing ati-ati, ulah diperbudak ku pangajaran manusa jeung omongan teu bener nu asalna ti tradisi manusa”.​—Kolose 2:8.

a Tingali The New Brown, Driver, and Briggs Hebrew and English Lexicon of the Old Testament, kaca 659, jeung Lexicon in Veteris Testamenti Libros, kaca 627. Loba Alkitab narjamahkeun kecap nefes jeung psykhe ku cara nu béda-béda gumantung kana kalimahna. Misalna, aya nu narjamahkeunana jadi ”jiwa”, ” nyawa”, ”jelema”, ”mahluk”, atawa ”awak”.