Pindah kana eusi

Saha nu Bakal ka Sorga?

Saha nu Bakal ka Sorga?

Jawaban Alkitab

 Allah milih sababaraha urang Kristen nu satia pikeun dihirupkeun deui di sorga lamun engké maranéhna maot. (1 Pétrus 1:​3, 4) Sanajan geus kapilih, ayeuna maranéhna téh tetep kudu ngajaga iman sarta laku lampah sabagé urang Kristen supaya henteu kaleungitan harepan pikeun hirup di sorga.​—Éfésus 5:5; Filipi 3:​12-​14.

Naon nu bakal dilakukeun ku maranéhna di sorga?

 Maranéhna bakal maréntah bareng jeung Isa sabagé raja jeung imam salila 1.000 taun. (Wahyu 5:​9, 10; 20:6) Maranéhna bakal jadi bagian ti ”langit anyar”, atawa pamaréntahan sorga, nu maréntah ”bumi anyar”, atawa rahayat di bumi. Maranéhna gé bakal ngabantu umat manusa balik deui ka kaayaan nu sampurna siga nu dipikahayang ku Allah.​—Yesaya 65:17; 2 Pétrus 3:​13.

Aya sabaraha jalma nu bakal dihirupkeun deui di sorga?

 Alkitab nyebutkeun aya 144.000 jalma nu bakal dihirupkeun deui di sorga. (Wahyu 7:4) Dina Wahyu 14:​1-3 dicaritakeun yén Rasul Yahya ningali ”Anak Domba nangtung di Gunung Zion, bareng jeung 144.000 jalma”. Dina titingalian ieu, ”Anak Domba” téh ngagambarkeun Isa nu geus dihirupkeun deui. (Yahya 1:​29; 1 Pétrus 1:​19) ”Gunung Zion” ngagambarkeun kadudukan nu leuwih luhur keur Isa jeung 144.000 jalma éta.​—Jabur 2:6; Ibrani 12:22.

 ”Jalma-jalma pilihan” nu bakal maréntah bareng jeung Al-Masih dina Pamaréntahan Allah disebut ”kumpulan leutik”. (Wahyu 17:14; Lukas 12:32) Éta hartina jumlah maranéhna téh leuwih saeutik tibatan jumlah sakabéh dombana Isa.​—Yahya 10:16.

Pamikiran nu salah ngeunaan saha nu bakal ka sorga

 Pamikiran nu salah: Kabéh jalma nu bageur bakal ka sorga.

 Fakta: Allah jangji kalolobaan jalma nu bageur bakal hirup salilana di bumi.​—Jabur 37:11, 29, 34, Terjemahan Dunia Baru.

  •   Isa nyebutkeun: ”Can aya nu pernah naék ka sorga.” (Yahya 3:​13) Éta nunjukkeun yén jalma-jalma bageur nu maot saacan Isa, siga Ibrahim, Musa, Ayub, jeung Daud, henteu indit ka sorga. (Kisah 2:​29, 34) Tapi maranéhna boga harepan pikeun dihirupkeun deui di bumi.​—Ayub 14:13-​15.

  •   Jalma-jalma nu dihirupkeun di sorga téh bakal jadi ”nu mimiti dihirupkeun deui”. (Wahyu 20:6) Ieu nunjukkeun bakal aya nu diharirupkeun deui sanggeus maranéhna, nyaéta jalma-jalma nu bakal dihirupkeun di bumi.

  •   Alkitab ngajarkeun waktu Pamaréntahan Allah maréntah, ”moal aya deui nu maot”. (Wahyu 21:​3, 4) Jangji ieu téh pasti ngawujudna di bumi, lantaran di sorga mah mémang teu pernah aya nu maot.

 Pamikiran nu salah: Unggal jalma bisa milih, manéhna rék hirup di sorga atawa di bumi.

 Fakta: Dipilih atawa henteuna saurang jalma téh lain dumasar kana kahayangna sorangan. (Matius 20:20-​23) Tapi, Allah nu nangtukeun saha nu ”meunangkeun ganjaran ti Allah, nyaéta hirup di sorga”.​—Filipi 3:​14.

 Pamikiran nu salah: Harepan pikeun hirup di bumi téh teu aya nanaonna dibandingkeun jeung harepan ka sorga. Éta mah ngan keur jalma-jalma nu teu layak pikeun hirup di sorga.

 Fakta: Allah nyebut yén jalma-jalma nu bakal meunangkeun kahirupan di bumi téh ”umat Kuring”, ”jalma-jalma pilihan Kuring”, jeung ”jalma-jalma nu diberkahan ku Yéhuwa”. (Yesaya 65:21-23, Terjemahan Dunia Baru) Maranéhna bakal ngawujudkeun kahayang Allah keur umat manusa, nyaéta hirup sampurna salilana di bumi pirdaus.​—Kajadian 1:​28; Jabur 115:16; Yesaya 45:18.

 Pamikiran nu salah: Angka 144.000 dina buku Wahyu téh ngan lambang hungkul, lain angka nu sabenerna.

 Fakta: Dina kitab Wahyu téh mémang aya angka-angka nu ngamaksudkeun lambang hungkul, tapi aya ogé nu ngamaksudkeun angka nu sabenerna. Misalna, aya ayat nu nyebutkeun ”dina masing-masing batu ditulis salah sahiji ngaran ti 12 rasul Anak Domba”. (Wahyu 21:14) Nah, angka 144.000 gé ngamaksudkeun jumlah nu sabenerna. Naon buktina?

 Wahyu 7:4 nyebutkeun yén ”jalma-jalma nu meunang ségel éta [atawa, nu bakal hirup di sorga] jumlahna aya 144.000”. Ayat-ayat saterusna ngabandingkeun kelompok ieu jeung kelompok nu kadua, nyaéta: ”jalma nu kacida lobana, nepi ka euweuh nu bisa ngitung jumlah maranéhna”. ”Jalma nu kacida lobana” ieu bakal disalametkeun ogé ku Allah. (Wahyu 7:​9, 10) Lamun angka 144.000 téh ngan lambang hungkul, lain jumlah nu sabenerna, éta hartina jumlah ti dua kelompok éta teu bisa dibandingkeun. a

 Salian ti éta, Alkitab nyebutkeun yén 144.000 téh ”dibeuli ti antara manusa siga hasil panén nu mimiti”. (Wahyu 14:4) Kekecapan ”hasil panén nu mimiti” téh ngagambarkeun jumlah nu ngan saeutik. Éta téh cocog pisan pikeun ngagambarkeun jalma-jalma nu bakal maréntah bareng jeung Isa di sorga. Maranéhna bakal maréntah rahayat di bumi nu jumlahna teu kaitung.​—Wahyu 5:​10.

a Ngeunaan angka 144.000 dina Wahyu 7:4, Propésor Robert L. Thomas nyebutkeun, ”Ieu téh jumlah nu pasti, ari nu dicatet dina Wahyu 7:9 mah jumlahna teu pasti. Lamun angka ieu (144.000) ngan lambang hungkul, éta hartina angka-angka séjén dina kitab ieu teu bisa dihartikeun sacara harfiah.”​—Buku Revelation 1-7: An Exegetical Commentary, kaca 474.