Nu Ditulis ku Lukas 22:1-71

  • Imam-imam nyieun siasat rék maéhan Isa (1-6)

  • Nyiapkeun Paskah nu panungtungan (7-13)

  • Jamuan Wengi Isa Al-Masih dimimitian (14-20)

  • ’Nu rék ngahianat téh saméja jeung urang’ (21-23)

  • Ngaributkeun saha nu pangpunjulna (24-27)

  • Isa nyieun perjangjian pikeun maréntah (28-30)

  • Pétrus diramalkeun bakal nyangkal (31-34)

  • Pentingna persiapan; dua pedang (35-38)

  • Isa ngadoa di Gunung Zaitun (39-46)

  • Isa ditéwak (47-53)

  • Pétrus nyangkal Isa (54-62)

  • Isa diléléwé (63-65)

  • Isa diadilan ku Sanhédrin (66-71)

22  Parayaan Roti nu Teu Diragian, nu disebut Paskah, geus deukeut.  Para imam kapala jeung ahli Torét néangan cara nu pangalusna pikeun maéhan Isa, sabab maranéhna sieun ku jalma-jalma.  Tuluy Sétan mangaruhan haté Yudas, nu disebut Iskariot, salah saurang ti 12 rasul.  Manéhna indit manggihan imam-imam kapala jeung kapala panjaga bait rék ngabadamikeun kumaha carana néwak* Isa.  Maranéhna atoheun pisan jeung nyanggupan méré duit pérak.  Yudas satuju jeung néangan waktu nu cocog pikeun nyerahkeun Isa pas keur euweuh jalma réa.  Ayeuna poé Parayaan Roti nu Teu Diragian. Ieu téh waktuna kurban Paskah dipeuncit.  Jadi, Isa nitah Pétrus jeung Yahya, ”Jung indit jeung siapkeun jamuan Paskah keur urang kabéh.”  Maranéhna nanya, ”Di mana urang kudu nyiapkeunana?” 10  Ceuk Isa, ”Waktu maranéh asup ka kota, saurang lalaki nu mawa kendi cai bakal manggihan maranéh. Tuturkeun manéhna nepi asup ka jero imah. 11  Tuluy béjakeun ka nu boga imahna, ’Ceuk Guru, ”Di mana kamar tamu nu bisa dipaké keur ngadahar jamuan Paskah bareng jeung murid-murid urang?”’ 12  Manéhna bakal nuduhkeun hiji kamar nu lega di loténg nu geus diatur. Sok siapkeun di dinya.” 13  Bral maranéhna indit, jeung naon nu diucapkeun ku Isa téh bener kajadian. Tuluy maranéhna nyiapkeun Paskah. 14  Pas waktuna, manéhna diuk ngurilingan méja bareng jeung rasul-rasulna. 15  Terus manéhna ngomong, ”Urang hayang pisan dahar jamuan Paskah bareng jeung maranéh saméméh urang sangsara, 16  sabab urang ngabéjaan, urang moal dahar éta deui nepi ka kabéhanana laksana dina Pamaréntahan Allah.” 17  Manéhna nyokot gelas nu disodorkeun, ngucap sukur, jeung ngomong, ”Tampanan ieu, iderkeun, sok masing-masing nginum tina gelas ieu, 18  sabab urang ngabéjaan, ti saprak ayeuna, urang moal nginum cianggur deui nepi ka Pamaréntahan Allah datang.” 19  Geus kitu, Isa nyokot roti, ngucap sukur, tuluy rotina disemplékan jeung dibikeun ka maranéhna. Ceuk manéhna, ”Ieu ngalambangkeun awak urang nu bakal dikorbankeun demi maranéh. Terus lampahkeun ieu pikeun némbongkeun maranéh inget ka urang. 20  Sanggeus dahar, manéhna ngalampahkeun nu sarua kana gelas cianggur, jeung ngomong, ”Gelas ieu ngalambangkeun perjangjian anyar anu disahkeun ku getih urang, nu bakal dikucurkeun demi maranéh. 21  ”Tapi di dieu, saméja jeung urang, aya jelema nu rék ngahianat ka urang. 22  Mémang Putra manusa bakal maot, sakumaha nu geus ditetepkeun. Sanajan kitu, cilaka jalma nu ngahianat ka manéhna!” 23  Murid-murid jadi récok silih tanya saha sabenerna nu bakal kitu téh. 24  Murid-murid ogé paraséa ngaributkeun saha nu pangpunjulna. 25  Tapi ceuk Isa ka maranéhna, ”Maranéh nyaho pan para raja bangsa-bangsa mah maréntah rahayatna, jeung nu ngawasaan jalma-jalma disebut Dermawan.* 26  Maranéh mah ulah kitu, lamun hayang jadi nu pangpunjulna kudu daék jadi nu pangorana, lamun hayang jadi pamingpin kudu daék ngaladénan. 27  Saha nu leuwih punjul, nu dahar atawa nu ngaladénan? Nu dahar, pan? Tapi, urang nu ngaladénan maranéh. 28  ”Maranéh téh nu terus maturan urang waktu urang nyanghareupan cocoba. 29  Urang rék nyieun perjangjian jeung maranéh pikeun maréntah di hiji pamaréntahan, sakumaha Bapa urang gé geus nyieun perjangjian jeung urang. 30  Jadi, maranéh bisa dahar nginum saméja jeung urang di Pamaréntahan urang. Maranéh gé bakal diuk dina tahta, ngahakiman 12 kaom Israél. 31  ”Simon, Simon, tuh Sétan geus ménta sangkan bisa napi maranéh kabéh kawas gandum. 32  Tapi, urang geus ngadoa bener-bener sangkan iman manéh teu luntur. Engké sanggeus manéh tobat, kuatkeun dulur-dulur manéh.” 33  Tuluy Pétrus ngajawab, ”Juragan, rék dipanjara atawa paéh bareng jeung Juragan gé, urang mah siap.” 34  Tapi ceuk Isa, ”Pétrus, urang ngabéjaan, saacan hayam kongkorongok poé ieu, manéh bakal nyangkal urang tilu kali.” 35  Isa gé ngomong ka maranéhna, ”Waktu urang nitah maranéh ngawawar bari teu mawa kantong duit, kantong dahareun, jeung sendal, maranéh teu kakurangan nanaon, pan?” Ceuk maranéhna, ”Henteu!” 36  Tuluy ceuk manéhna, ”Tapi ayeuna mah saha-saha nu boga kantong duit, sok bawa, kitu ogé jeung kantong dahareun. Nu teu boga pedang, jual baju luarna, beulikeun pedang. 37  Urang ngabéjaan, ayat nu nyebutkeun ’Manéhna dianggap jelema jahat’ téh ngeunaan urang. Tah, ayat ieu keur laksana ka diri urang.” 38  Tuluy maranéhna ngomong, ”Juragan, ieu aya dua pedang.” Dijawabna, ”Geus cukup.” 39  Geus kitu, manéhna indit ka Gunung Zaitun sakumaha kabiasaanana, dituturkeun ku murid-muridna. 40  Pas nepi, Isa ngomong ka maranéhna, ”Terus ngadoa, supaya maranéh teu kagoda.” 41  Terus manéhna ngajauh saeutik,* bruk sideku jeung ngadoa, 42  ”Bapa, mun Bapa kersa mah abdi ulah disina nginum tina gelas* ieu. Tapi, lain kahayang abdi nu laksana, tapi kahayang Bapa.” 43  Tuluy, hiji malaikat ti sorga datang jeung nguatkeun manéhna. 44  Tapi, bakating ku ngarasa susah pisan, manéhna ngadoa leuwih husu deui, nepi ka cikésangna jadi kawas getih nu nyakclakan kana taneuh. 45  Bérés ngadoa, manéhna nyampeurkeun murid-muridna. Ari pék téh maranéhna keur sararé, carapéeun bakating ku sedih-sedihna. 46  Ceuk Isa, ”Ku naon bet sararé? Geura hudang jeung terus ngadoa supaya maranéh teu kagoda.” 47  Isa keur ngomong kénéh, torojol datang gorombolan nu dipingpin ku Yudas, salah saurang ti 12 rasul. Yudas nyampeurkeun tuluy nyium Isa. 48  Tapi ceuk Isa, ”Yudas, manéh ngahianat Putra manusa téh ku cara nyium?” 49  Waktu murid-murid di deukeutna ningali kajadianana, maranéhna ngomong, ”Kumaha Juragan, urang lawan baé ku pedang, kitu?” 50  Malah nu saurang mah nyabet palayan imam agung, beunang ceuli katuhuna nepi ka sapat. 51  Tapi Isa ngomong, ”Geus, cukup!” Palayan téh ku Isa dicabak ceulina jeung dicageurkeun. 52  Terus, Isa ngomong ka para imam kapala, kapala panjaga bait, jeung pamingpin nu daratang rék néwak manéhna, ”Urang téh rampog kitu, maké mamawa pedang jeung pepentung sagala? 53  Unggal poé gé urang aya di antara maranéh di bait, tapi ku maranéh teu ditéwak. Tapi, ayeuna mémang waktuna keur ngalaksanakeun kahayang maranéh jeung waktuna poék ngawasa.” 54  Tuluy, manéhna ditéwak jeung dibawa ka imahna imam agung. Ari Pétrus nuturkeun ti kajauhan. 55  Di tengah-tengah buruan, aya nu keur diuk ngariung bari dudurukan, Pétrus gé milu diuk di dinya. 56  Tapi aya palayan awéwé nu ningali Pétrus keur diuk deukeut seuneu. Sanggeus disidik-sidik, manéhna ngomong, ”Jelema ieu babaturan manéhna.” 57  Tapi Pétrus mungkir, ”Wawuh gé henteu ka manéhna téh.” 58  Teu lila, aya deui nu nempo manéhna jeung ngomong kieu, ”Manéh gé muridna Isa.” Tapi ceuk Pétrus, ”Lain!” 59  Kira-kira sajam sanggeusna, saurang lalaki keukeuh pisan ngomong kieu, ”Moal salah deui, jelema ieu téh babaturanana, da manéhna téh urang Galiléa!” 60  Tapi ceuk Pétrus, ”Ngomong naon sih manéh téh?” Manéhna keur ngomong kénéh, ujug-ujug aya sora hayam kongkorongok. 61  Harita ogé, Juragan ngalieuk neuteup Pétrus. Ras Pétrus ingeteun kana omongan Juragan, ”Saacan hayam kongkorongok poé ieu, manéh bakal nyangkal urang tilu kali.” 62  Léos manéhna kaluar tuluy ceurik, nalangsa kabina-bina. 63  Jalma-jalma nu ngajaga Isa ngaléléwé jeung neunggeulan manéhna. 64  Maranéhna nuruban sirahna bari teterusan nanya, ”Lamun manéh nabi, saha yeuh nu neunggeul manéh?” 65  Loba deui hinaan nu diomongkeun ka manéhna. 66  Sanggeus bray caang, para pamingpin bangsa éta, nyaéta imam-imam kapala jeung ahli-ahli Torét, karumpul. Maranéhna mawa Isa ka rohangan Sanhédrin jeung ngomong, 67  ”Jawab, enya manéh téh Al-Masih?” Tapi ceuk Isa, ”Kajeun urang ngaku gé maranéh moal percaya. 68  Jeung deui, lamun urang nanya gé, maranéh moal ngajawab. 69  Tapi ti ayeuna, Putra manusa bakal diuk di katuhueun Allah nu boga kawasa.” 70  Ngadéngé kitu, maranéhna kabéh nanya, ”Jadi, bener manéh téh Putra Allah?” Dijawabna, ”Bener, sakumaha omongan manéh.” 71  Ceuk maranéhna, ”Keur naon aya saksi-saksi deui? Urang geus ngadéngé langsung ti manéhna sorangan.”

Catetan Tambihan

Atawa ”ngahianatan”.
Gelar kahormatan keur jalma nu resep nulungan batur.
Atawa ”kira-kira sapamalédog batu”.
Gelas ngagambarkeun kahayang Allah ngidinan Isa maot lantaran dituduh ngahina Allah.