Nu Ditulis ku Matius 19:1-30

  • Kawin jeung pepegatan (1-9)

  • Kurnia léléngohan (10-12)

  • Isa ngaberkahan barudak leutik (13-15)

  • Pananya ti lalaki ngora nu beunghar (16-24)

  • Pangorbanan demi Pamaréntahan Allah (25-30)

19  Sanggeus nyaritakeun hal-hal ieu, Isa indit ti Galiléa ka wates daérah Yudéa di peuntaseun Walungan Yordan.  Jalma réa gé naluturkeun manéhna, tuluy di dinya ku manéhna dicalageurkeun.  Jol sababaraha urang Farisi datang rék ngadoja manéhna, nanya kieu, ”Meunang teu saurang lalaki megatkeun pamajikanana teu sual naon alesanna?”  Manéhna ngajawab, ”Pernah maca teu basa mimiti nyiptakeun lalaki jeung awéwé,  Allah ngomong, ’Éta sababna lalaki bakal ninggalkeun indung bapana tuluy ngahiji jeung pamajikanana, sarta duanana jadi satunggal’?*  Jadi maranéhna lain dua deui, tapi satunggal. Ku kituna, naon nu geus dihijikeun* ku Allah, teu meunang dipisahkeun ku manusa.”  Ceuk maranéhna, ”Ku naon atuh Musa bet nyieun aturan yén lalaki kudu méré surat talak ka pamajikanana nu rék dipegatkeun?”  Manéhna ngajawab, ”Musa ngidinan maranéh megatkeun pamajikan téh lantaran maranéh heuras beuheung, da mimitina mah teu siga kitu.  Urang ngabéjaan, lamun aya nu megatkeun pamajikan, tapi lain disababkeun ku lampah cabul,* tuluy kawin deui, manéhna téh jinah.” 10  Ceuk murid-muridna, ”Mun hubungan antara salaki pamajikan téh siga kitu, mending teu kawin atuh.” 11  Manéhna ngajawab, ”Teu kabéh bisa hirup siga kitu, nu bisa mah ngan nu boga kurnia éta. 12  Aya jalma nu teu bisa kawin ti barang lahir, aya ogé jalma nu teu bisa kawin lantaran dijieun kitu ku manusa, tapi aya jalma nu mutuskeun teu kawin supaya bisa ngabakti ka Pamaréntahan sorga. Jalma nu bisa hirup siga kitu, pék lampahkeun kitu.” 13  Tuluy aya nu marawa barudak leutik ka Isa sina ditumpangan leungeun jeung diberkahan sarta didoakeun, tapi dicarékan ku murid-muridna. 14  Tapi ceuk Isa, ”Antepkeun barudak téh sina ka darieu, ulah dihalang-halang, sabab Pamaréntahan sorga téh keur jalma nu siga maranéhna.” 15  Barudak téh ku Isa ditumpangan leungeun, tuluy manéhna indit. 16  Torojol, aya jelema datang ka manéhna tuluy ngomong kieu, ”Guru, hal-hal alus naon nu kudu dilakukeun ku abdi supaya bisa hirup langgeng?” 17  Ku Isa dijawab, ”Ku naon nanyakeun hal-hal nu alus ka urang? Ngan hiji nu alus mah. Tapi lamun manéh hayang hirup langgeng, terus lampahkeun paréntah-paréntah Allah.” 18  Manéhna nanya, ”Nu mana?” Isa ngajawab, ”Ulah maéhan, ulah jinah, ulah puak-paok, ulah jadi saksi palsu, 19  kudu hormat ka indung bapa, jeung kudu nyaah ka sasama siga ka diri sorangan.” 20  Lalaki ngora éta ngomong kieu ka Isa, ”Éta kabéh geus dijalankeun, naon deui nu kurang?” 21  Isa ngajawab, ”Lamun manéh hayang sampurna, pék jual kabéh harta banda manéh, bikeun hasilna ka nu miskin, ku kituna manéh bakal boga harta di sorga. Geus kitu, hayu jadi murid urang.” 22  Waktu ngadéngé kitu, manéhna indit bari jeung sedih lantaran harta bandana loba pisan. 23  Tuluy Isa ngomong ka murid-muridna, ”Mémang, jelema beunghar téh hésé asup ka Pamaréntahan sorga. 24  Sakali deui urang ngabéjaan, leuwih gampang onta moncor kana liang jarum, tibatan jelema beunghar asup ka Pamaréntahan Allah.” 25  Waktu ngadéngé kitu, murid-muridna reuwas pisan, tuluy ngomong, ”Mun kitu mah, saha nu bisa salamet atuh?” 26  Bari neuteup murid-muridna, Isa ngomong, ”Keur manusa mah éta mustahil, tapi keur Allah mah euweuh nu mustahil.” 27  Terus Pétrus ngomong, ”Urang kabéh geus ninggalkeun sagalana supaya bisa nuturkeun Guru, naon atuh nu bakal ditarima ku urang?” 28  Isa ngajawab, ”Sing percaya, Allah bakal ngarobah sagalana jadi anyar waktu Putra manusa diuk dina tahta nu mulya. Engké maranéh nu geus nuturkeun urang bakal diuk dina 12 tahta, ngahakiman 12 kaom Israél. 29  Jeung saha waé nu geus ninggalkeun imah, atawa dulur lalaki, atawa dulur awéwé, atawa bapa, atawa indung, atawa budak, atawa tanah lantaran jadi murid urang bakal diganti 100 kalieun jeung narima hirup langgeng. 30  ”Tapi loba nu tadina ti heula jadi pandeuri, nu tadina pandeuri jadi ti heula.

Catetan Tambihan

As. ”sadaging”.
As. ”dihijikeun maké kai tanggungan”. Tingali ”Kai tanggungan” dina Daptar Istilah.
Yunani: pornéia. Tingali Daptar Istilah.