Yakobus 4:1-17

  • Ulah nyobat jeung dunya (1-12)

    • Lawan si Iblis (7)

    • Pék ngaraket ka Allah (8)

  • Ulah sombong (13-17)

    • ”Lamun dikersakeun ku Yéhuwa” (15)

4  Naon sababna aranjeun gelut jeung paséa? Lainna éta téh lantaran kahayang awak nu dosa, nu perang dina diri aranjeun?  Éta sababna, aranjeun aya kahayang tapi teu kacumponan. Aranjeun terus mikahayang milik batur nepi ka ijid ka* manéhna, tapi tetep wéh teu meunangkeunana. Aranjeun terus paséa jeung gelut. Padahal, aranjeun teu boga nanaon téh pédah teu ménta ka Allah.  Pas geus ménta gé aranjeun teu narima, lantaran méntana ku niat nu salah, nyaéta pikeun muaskeun kahayang awak nu dosa.  Aranjeun nu teu saratia,* teu apal kitu yén nyobat jeung dunya téh sarua jeung ngamusuh ka Allah? Ku kituna, saha waé nu hayang jadi sobatna dunya, manéhna jadi musuh Allah.  Disangka aranjeun euweuh tujuanana kitu ayat ieu nyebutkeun kieu, ”Lantaran parasaan sirik aya dina diri urang, urang jadi terus mikahayang rupa-rupa hal”?  Tapi, welas asih Allah nu taya bandingna* leuwih kuat tibatan parasaan éta. Ku kituna, aya ayat nu nyebutkeun, ”Jalma nu sombong teu dipikaresep ku Allah, ari jalma nu rendah haté mah dibéré welas asih nu taya bandingna.”*  Ku sabab éta, sing tunduk ka Allah. Tapi pék lawan si Iblis, manéhna bakal kabur ti aranjeun.  Pék ngaraket ka Allah, Anjeunna gé bakal ngaraket ka aranjeun. Jalma-jalma dosa, bersihan leungeun aranjeun. Aranjeun anu bingbang, murnikeun haté aranjeun.  Aranjeun kudu ngarasa nalangsa, sedih, jeung ceurik. Seuri téh ganti ku ceurik, rasa suka ganti ku rasa duka. 10  Rendahkeun diri di hareupeun Yéhuwa, jeung aranjeun bakal dipunjulkeun ku Anjeunna. 11  Dulur-dulur, ulah silih ngagogoréng batur deui. Saha waé nu ngagogoréng dulurna atawa ngahakiman dulurna, manéhna téh ngagogoréng hukum jeung ngahakiman hukum. Lamun aranjeun ngahakiman hukum, aranjeun téh lain nu ngajalankeun hukum, tapi hakimna hukum. 12  Ngan aya hiji Nu Nyieun Hukum jeung Hakim, nyaéta Allah nu bisa nyalametkeun jeung ngabinasakeun. Ari aranjeun, saha aranjeun téh bet ngahakiman batur? 13  Di antara aranjeun, aya nu sok ngomong, ”Poé ayeuna atawa isukan urang rék indit ka kota éta jeung cicing di dinya sataun, bari usaha rék nyiar untung,” 14  padahal aranjeun teu nyaho hirup aranjeun isukan bakal kumaha. Aranjeun téh ibarat halimun nu muncul sakeudeung, geus kitu les leungit. 15  Aranjeun sakuduna ngomong, ”Lamun dikersakeun ku Yéhuwa, urang bakal hirup jeung rék kitu rék kieu.” 16  Ari aranjeun kalah ka sombong jeung gedé omong. Gedé omong siga kitu téh goréng. 17  Lamun aya nu nyaho carana ngalampahkeun nu bener tapi éta teu dilampahkeun, éta téh dosa.

Catetan Tambihan

As. ”maéhan”.
As. ”nu jinah”.