Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ÉLING! No. 2 2018 | 12 Konci sangkan Kulawarga Suksés

12 Konci sangkan Kulawarga Suksés

Urang geus biasa ngadéngé carita ngeunaan kulawarga nu gagal. Tapi, kumaha carana sangkan kulawarga urang suksés?

  • Di Amerika Serikat antara taun 1990 nepi ka 2015, salaki pamajikan nu pepegatan dina umur 50 taun ka luhur ngalobaan jadi dua kalieun, jeung nu pepegatan dina umur 65 taun ka luhur ngalobaan jadi tilu kalieun.

  • Indung bapa baringung ku sabab ceuk sababaraha ahli, barudak kudu terus dipuji. Tapi ceuk nu séjén, barudak mah kudu diheurasan.

  • Barudak ngora teu siap jadi jalma déwasa nu suksés.

Sabenerna . . .

  • Perkawinan bisa bagja jeung langgeng.

  • Indung bapa bisa diajar pikeun ngadisiplin barudak ku kanyaah.

  • Barudak ngora bisa boga sipat-sipat jeung kamampuh nu dibutuhkeun pikeun jadi jalma déwasa.

Majalah Éling! ieu bakal ngabahas 12 konci sangkan kulawarga Sadérék suksés.

 

1: Kasatiaan

Tilu saran nu bisa ngabantu pasangan salaki pamajikan tetep ngahiji.

2: Kakompakan

Naha batur hirup Sadérék dianggap batur sakamar wungkul?

3: Rasa Hormat

Pék tingali kekecapan jeung lalampahan naon waé nu bisa ngayakinkeun batur hirup yén manéhna téh dihormat.

4: Hampuraan

Kumaha carana sangkan kakurangan batur hirup teu kudu diributkeun?

5: Komunikasi

Tilu cara penting nu ngabantu Sadérék leuwih akrab jeung barudak.

6: Didikan

Naha budak téh jadi minder lamun osok dipapatahan?

7: Prinsip Hirup

Prinsip naon nu kudu diajarkeun ka barudak Sadérék?

8: Tuladan

Lamun Sadérék hayang omongan Sadérék dituturkeun ku barudak, Sadérék ogé kudu ngajalankeunana.

9: Jati Diri

Kumaha budak ngora bisa pengkuh ngabéla kapercayaanana?

10: Bisa Dipercaya

Meunangkeun kapercayaan ti kolot téh penting pikeun jadi jalma déwasa.

11: Getol

Diajar digawé ti ngongora bisa ngabantu hidep suksés di mangsa kahareup.

12: Cita-Cita

Ngudag cita-cita bisa ningkatkeun kapercayaan diri, nguatkeun sosobatan, jeung ngabagjakeun hidep.

Bantuan Séjén keur Kulawarga

Naséhat Alkitab bisa ngabantu Sadérék miboga perkawinan nu suksés jeung kulawarga nu bagja.