Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Anjeun bisa hirup di dunya anyar nu éndah

Pirdaus di Dunya Anyar Geus Téréh!

Pirdaus di Dunya Anyar Geus Téréh!

Gusti nyiptakeun bumi supaya jalma-jalma bener bisa hirup langgeng di dinya. (Jabur 37:29) Anjeunna nempatkeun pasangan manusa nu mimiti, nyaéta Adam jeung Hawa, di Taman Éden nu éndah sarta méré tugas ka maranéhna pikeun minuhan jeung ngurus bumi.​—Kajadian 1:28; 2:15.

Mémang, bumi ayeuna mah teu siga Pirdaus. Tapi, kahayang Gusti mah teu pernah barobah. Jadi, kumaha carana Gusti ngarobah bumi jadi Pirdaus? Siga nu dibahas di artikel saacanna, Gusti mah moal ngancurkeun planét Bumi. Sabalikna, Anjeunna hayang jalma-jalma nu bener hirup di bumi. Waktu Gusti nyumponan jangji-Na, bakal kumaha kaayaan bumi?

Ngan aya hiji pamaréntahan

Sakeudeung deui, Gusti bakal maréntah sakabéh umat manusa di bumi. Engkéna bumi bakal jadi tempat nu éndah. Jalma-jalma gé bakal hirup rukun jeung boga pagawéan nu alus. Gusti geus ngalantik Isa Al-Masih pikeun maréntah bumi ieu. Pangawasa ayeuna mah teu paduli ka jalma-jalma. Tapi Isa mah béda, lantaran manéhna mah merhatikeun rahayatna. Manéhna bakal jadi raja nu nyaahan, bageur, jeung adil.​—Yesaya 11:4.

Umat manusa ngahiji

Engké mah, umat manusa moal dipisahkeun ku sélér bangsa deui, tapi maranéhna bakal ngahiji. (Wahyu 7:9, 10) Kabéh manusa nu hirup di bumi bakal nyaah ka Gusti jeung ka sasama. Maranéhna ogé bakal digawé babarengan pikeun ngawujudkeun kahayang Gusti, nyaéta nyieun planét Bumi jadi éndah.​—Jabur 115:16.

Alam nu cocog keur mahluk hirup

Sanggeus Pamaréntahan Gusti maréntah, moal aya deui musibat alam. (Jabur 24:1, 2) Basa Isa aya di bumi, anjeunna nunjukkeun sakumaha gedé kakuatan ti Gusti ku cara nenangkeun angin ribut. (Markus 4:39, 41) Dina Pamaréntahan Gusti, moal aya nu sieun ku musibat alam. Jalma-jalma gé bakal hirup rukun jeung sato sarta moal ngaruksak bumi.​—Hosea 2:18.

Kaséhatan nu sampurna jeung loba dahareun

Unggal jalma bakal séhat jeung sampurna. Moal aya deui nu gering, ngolotan, jeung maot. (Yesaya 35:5, 6) Jalma-jalma bakal ngarasakeun alam nu éndah jeung bersih, saperti nu dirasakeun ku pasangan manusa nu mimiti di Taman Éden. Siga baheula, tanah di dunya anyar bakal ngahasilkeun loba dahareun keur jalma-jalma. (Kajadian 2:9) Siga umat Allah baheula, kabéh nu hirup di Pirdaus bakal ngadahar ”dahareun naon bae [nu] bakal aya di dinya”.​—Imamat 26:4, 5.

Katengtreman jeung kaamanan nu sajati

Dina Pamaréntahan Gusti, jalma-jalma bakal hirup tengtrem sabab rahayatna bageur jeung adil. Moal aya deui perang jeung nu nyalahgunakeun kakawasaan. Kabéh jalma bakal dicumponan pangabutuhna. Kitab Suci jangji, ”Tiap jalma hirupna ayem tengtrem, bisa jongjon ngurus kebon anggur jeung kondang, moal manggih deui pikasieuneun.”​—Mika 4:3, 4.

Imah nu layak jeung pagawéan nu pikaresepeun

Unggal kulawarga bakal boga imah jeung moal sieun digusur. Maranéhna ogé bakal boga pagawéan nu pikaresepeun. Ceuk Kitab Suci, jalma-jalma nu hirup di dunya anyar ”sagala gawena bakal mulus”, atawa moal percumah.​—Yesaya 65:21-23.

Pendidikan nu panghadéna

Kitab Suci jangji, ”Sakuliah tanah bakal pinuh ku kanyaho ka PANGERAN.” (Yesaya 11:9) Jalma-jalma di dunya anyar bakal diajar loba hal ngeunaan kabijaksanaan Yéhuwa nu teu aya watesna jeung ciptaana-Na nu éndah. Maranéhna moal ngagunakeun kapinteranana pikeun nyieun senjata atawa hal séjénna nu bisa ngabahayakeun manusa. (Yesaya 2:4) Sabalikna, maranéhna bakal diajar hirup rukun sarta carana ngarawat bumi.​—Jabur 37:11.

Kahirupan nu langgeng

Gusti geus bener-bener nyiapkeun bumi supaya urang bisa hirup bagja di dinya unggal poé. Anjeunna hayang umat manusa hirup langgeng di bumi. (Jabur 37:29; Yesaya 45:18) Supaya tujuana-Na ngawujud, Gusti ”bakal numpes ajal maot sina sirna salalanggenggna”. (Yesaya 25:8) Kitab Suci jangji, ”Anjeunna bakal nyusutan cipanon maranéhna. Moal aya deui nu maot. Kitu ogé moal aya deui nu sedih, ceurik, atawa ngarasa nyeri.” (Wahyu 21:4) Kabéh jalma bakal dibéré kasempetan pikeun hirup langgeng, boh nu salamet waktu dunya ieu diancurkeun boh nu dihirupkeun deui di dunya anyar.​—Yahya 5:28, 29; Kisah 24:15.

Ayeuna jutaan jalma di sakuliah dunya keur nyiapkeun diri pikeun asup ka dunya anyar nu geus téréh ngawujud. Sanajan teu sampurna, maranéhna upaya sangkan minuhan sarat pikeun hirup di dunya anyar. Kumaha carana? Diajar ngeunaan Gusti Yéhuwa jeung nu diutus ku Anjeunna, Isa Al-Masih.​—Yahya 17:3.

Téangan katerangan leuwih loba kumaha Anjeun bisa salamet ti dunya nu téréh diancurkeun jeung bisa hirup di dunya anyar nu leuwih hadé. Mangga tarima palajaran Alkitab gratis ti salah saurang Saksi-Saksi Yéhuwa, ngagunakeun buku Hirup Bagja Salilana!