Pindah kana eusi

ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN

”Abdi Kudu Ngabuktikeun Sorangan Naon nu Bener”

”Abdi Kudu Ngabuktikeun Sorangan Naon nu Bener”
  • LAHIR TAUN: 1982

  • NAGRI ASAL: REPUBLIK DOMINIKA

  • KASANG TUKANG: DIGEDÉKEUN DI KULAWARGA PANGANUT MORMON

KAHIRUPAN ABDI BAHEULA:

Abdi téh dilahirkeun di Santo Domingo, Republik Dominika. Abdi téh budak bungsu jeung boga tilu lanceuk. Kolot abdi meunang pendidikan nu alus jeung hayang barudakna digedékeun di lingkungan nu jalma-jalmana bener jeung jujur. Opat taun saacan abdi lahir, kolot abdi panggih jeung sababaraha misionaris Mormon. Kolot abdi kataji ka misionaris ngora éta lantaran maranéhna sopan jeung rapih. Teu lila, kolot abdi mutuskeun pikeun jadi anggota Gereja Yesus Kristus dari Orang-Orang Suci Zaman Akhir. Kulawarga abdi téh kulawarga nu pangmimitina asup ka Garéja Mormon di éta pulo.

Basa rumaja, abdi resep miluan kagiatan sosial di garéja. Abdi ngahargaan pisan pangajaran Mormon nu nandeskeun pentingna kulawarga jeung pentingna boga moral nu hadé. Abdi reueus jadi urang Mormon sarta hayang jadi misionaris.

Waktu umur 18 taun, kulawarga abdi pindah ka Amerika Serikat lantaran abdi rék kuliah di ditu. Sataun sanggeus pindah, emang jeung bibi nu Saksi Yéhuwa nganjangan kulawarga abdi di Florida. Maranéhna ngondang kulawarga abdi ka acara kongrésna. Di ditu, abdi tajub ningali jalma-jalma muka Alkitab jeung nyatet hutbahna. Jadi abdi gé ménta pulpén jeung kertas, terus miluan nyatet.

Sanggeus kongrés, emang jeung bibi nawarkeun palajaran Alkitab, ku sabab maranéhna nyaho abdi boga cita-cita jadi misionaris. Abdi satuju lantaran abdi ngarasa leuwih apal kana eusi Kitab Mormon tibatan Alkitab.

KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI:

Salila diajar Alkitab liwat telepon, si emang jeung si bibi ngajurung abdi ngabandingkeun kapercayaan abdi jeung pangajaran Alkitab. Maranéhna hayang abdi ngabuktikeun sorangan mana nu bener.

Abdi percaya kana loba pangajaran Mormon. Tapi abdi gé teu yakin, na ieu téh sajalan jeung pangajaran Alkitab. Si bibi ngirimkeun abdi majalah Awake! 8 Nopémber 1995 nu diterbitkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa. Di ditu aya artikel ngeunaan pangajaran Mormon. Sanggeus dibaca, geningan abdi téh teu nyaho nanaon ngeunaan pangajaran Mormon. Jadi, abdi néangan informasi dina situs Internét Mormon pikeun mastikeun na nu disebutkeun dia majalah Awake! téh bener atawa henteu. Pék téh bener! Éta beuki kabukti basa abdi ngadatangan langsung Musium Mormon di Utah.

Salila ieu abdi percaya yén Kitab Mormon teu papalingpang jeung Alkitab. Tapi sanggeus maca Kitabna lalaunan, abdi ningali bédana pangajaran Mormon jeung pangajaran Alkitab. Misalna, Yeheskel 18:4 dina Alkitab nyebutkeun yén jiwa mah bisa paéh. Tapi, Alma 42:9 dina Kitab Mormon nyebutkeun, ”Jiwa moal bisa paéh.”

Salian ti pangajaranana nu papalingpang, abdi gé kaganggu basa apal kana pangajaranana nu nasionalistis. Misalna, Mormon ngajarkeun yén Taman Éden téh aya di Jackson County, Missouri, Amerika Serikat. Para pamingpin garéja gé nyebutkeun yén hiji poé Karajaan Allah bakal maréntah sakuliah bumi bareng jeung pamaréntah Amerika Serikat.

Abdi jadi panasaran, kumaha jeung nagri abdi dilahirkeun jeung nagri-nagri séjénna. Hiji peuting, abdi ditelepon ku saurang budak ngora Mormon nu keur dilatih jadi misionaris. Abdi nyaritakeun kahariwangan abdi. Tuluy abdi nanya manéhna, mun misalna nagri manéhna keur perang jeung nagri séjén, manéhna daék teu ngalawan sasama anggota Mormon ti éta nagri. Abdi reuwas pas manéhna ngajawab daék! Abdi ngarisét leuwih jero pangajaran nu jadi dasar iman abdi. Terus, abdi diskusi jeung para pamingpin garéja Mormon. Ceuk maranéhna, jawaban ti pananya abdi téh masih jadi misteri, engké gé kajawab siga cahaya nu lalaunan bakal beuki caang.

Abdi kuciwa kana jawaban maranéhna. Abdi jadi mikirkeun deui, ku naon abdi bet hayang jadi misionaris Mormon. Tuluy abdi sadar, abdi mah hayang nulungan batur jeung hayang meunang status sosial sangkan dihargaan ku batur. Tapi sabenerna, abdi can pati kenal ka Allah. Baheula abdi ngan maca Alktiab saliwat. Jadi abdi teu pati ngahargaan Alkitab. Abdi gé teu paham naon tujuan Allah nyiptakeun bumi atawa manusa.

MANGPAATNA KEUR ABDI:

Waktu diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa, abdi diajar loba hal. Abdi jadi apal saha nami Allah, kumaha kaayaan nu maot, jeung naon nu dilakukeun ku Yésus dina ngawujudkeun tujuan Allah. Ahirna, abdi leuwih apal kana Alkitab. Abdi hayang ngabagikeun bebeneran ti Alkitab ieu ka loba jalma. Ti baheula abdi geus nyaho Allah téh aya. Tapi ayeuna mah, abdi bisa nyarita ka Allah saperti ka sobat dina doa. Abdi dibaptis jadi Saksi Yéhuwa dina tanggal 12 Juli 2004. Genep bulan sanggeusna, abdi mulai nginjil sapinuh waktu.

Abdi digawé salila lima taun di Kantor Pusat Saksi-Saksi Yéhuwa di Brooklyn, New York. Abdi ngabantu produksi Alkitab jeung bacaan Alkitab nu mawa mangpaat keur jutaan jalma di sakuliah dunya. Abdi bungah pisan bisa terus ngabantu jalma-jalma diajar ngeunaan Allah.