Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 107

Tuladan Asih ti Allah

Tuladan Asih ti Allah

(1 Yohanes 4:19)

  1. 1. Allah Yéhuwa némbongkeun asih-Na

    Ka umat manusa.

    Mantenna jadi tuladan keur urang,

    Mikanyaah ka sasama.

    Allah masihkeun Putra nu kaasih

    Jadi tebusan keur sadaya jalmi.

    Taya bandingna sipat asih Gusti!

    Éta bukti Allah téh asih.

  2. 2. Kanyaah urang ka dulur saiman,

    Sajati tur murni.

    Urang kageuing pikeun merhatikeun

    Ka sadaya umat Huwa.

    Nu ngaku nyaah ka Allah Yéhuwa

    Kudu némbongkeun nyaah ka sasama.

    Mun batur salah, geura dihampura,

    Éta asih, asih sajati.

  3. 3. Urang sadaya diondang Yéhuwa,

    Ngabakti, ngahiji.

    Urang ngarasa jadi kulawarga,

    Silih asuh, silih asih.

    Ku Firman Allah sarta roh suci-Na,

    Kanyaah urang jadi beuki kuat,

    Kasatunggalan jadi beuki nyata.

    Umat Gusti némbongkeun asih.