KAWIH 5
Padamelan Gusti nu Pikahélokeun
-
1. Gusti anu maha uninga,
Anu nguji tur mariksa abdi.
Pipikiran tur parasaan abdi,
Ogé ucap lampah abdi
kauninga.
Nalika abdi diciptakeun,
Tumuwuh di tempat anu buni,
Sadayana kauninga ku Gusti.
Kana padamelan Gusti,
abdi muji.
Mamanahan Gusti taya bandingna,
Moal bakal kahontal ku akal.
Waktu abdi keur sieun jeung hariwang,
Ku roh Gusti abdi jadi tenang.
Ka mana abdi bisa nyingkir,
Bisa ngejat ti hadirat Gusti?
Teu ka langit atawa jero taneuh,
Ka mana waé gé abdi
moal bisa.
(Tingali ogé Jab. 66:3; 94:19; Yer. 17:10.)