Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 8

Yéhuwa Bénténg Urang

Yéhuwa Bénténg Urang

(Jabur 91)

  1. 1. Yéhuwa bénténg urang,

    Pangharepan urang.

    Mantenna nangtayungan

    Tur bakal nyarengan.

    Hamba-Na anu satia

    Tangtu dibéla Mantenna.

    Huwa panyalindungan,

    Urang pasti bakal aman.

  2. 2. Loba nu teu satia

    Ninggalkeun Yéhuwa.

    Tapi nu terus ngabdi

    Dijaga ku Gusti.

    Sanajan loba bahaya,

    Ditarajang ku cilaka,

    Urang moal hariwang

    Mun Huwa anu nulungan.

  3. 3. Ancaman, kaniaya

    Ti sakabéh musuh.

    Lamun dijaga Huwa,

    Urang terus pengkuh.

    Urang moal sieun deui,

    Rék ka mana ogé wani.

    Yéhuwa bénténg urang,

    Ka Mantenna urang muntang.

(Tingali ogé Jab. 97:10; 121:3, 5; Yes. 52:12.)