Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 94

Nganuhunkeun ku Ayana Firman

Nganuhunkeun ku Ayana Firman

(Pilipi 2:16)

  1. 1. Yéhuwa, nun Ama, abdi nyanggakeun

    Puji pikeun Firman nu diilhamkeun.

    Eusina bebeneran

    anu ngabébaskeun,

    Pangaweruh hadé anu negerkeun.

  2. 2. Firman ti Yéhuwa neuleuman haté,

    Pikiran jeung kahayang katingali.

    Sagala hukum Gusti

    adil tur sampurna;

    Prinsip Gusti nungtun hirup umat-Na.

  3. 3. Manusa kataji ku Firman Huwa

    Sabab ditulis ku jalma biasa.

    Pengkuhkeun iman abdi,

    milampah Firman Yah.

    Hatur nuhun, Huwa, pikeun Firmanna.