Pindah kana eusi

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Ngarasa yén Maranéhna Wungkul nu Bakal Disalametkeun?

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Ngarasa yén Maranéhna Wungkul nu Bakal Disalametkeun?

 Henteu. Jutaan jalma nu baheula pernah hirup nu lain Saksi Yéhuwa boga kasempetan pikeun disalametkeun. Alkitab ngajelaskeun yén di dunya anyar nu dijangjikeun Allah bakal aya ”pihudangeunana sadaya jalmi tina maot, boh nu bageur, boh nu jahat”. (Rasul 24:15) Kiwari, loba jalma nu engkéna ngawula Allah ogé boga kasempetan pikeun disalametkeun. Nu pasti, lain hak urang pikeun nangtukeun saha nu bakal salamet jeung henteu. Éta téh tugasna Yésus.—Yohanes 5:22, 27.