Pindah kana eusi

ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN

”Katingalina Abdi Geus Boga Sagalana”

”Katingalina Abdi Geus Boga Sagalana”
  • LAHIR TAUN: 1962

  • NAGRI ASAL: Kanada

  • KASANG TUKANG: Hirup rucah

KAHIRUPAN ABDI BAHEULA

 Abdi lahir di Montreal, kota nu panggedéna di Propinsi Quebec, Kanada. Abdi jeung tilu adi lanceuk digedékeun ku kolot nu nyaahan jeung matuh di tempat nu genah di daérah Rosemont. Abdi sakulawarga hirup tenang jeung tengtrem.

 Ti leuleutik, abdi geus resep kana Alkitab. Abdi inget, basa umur 12 taun, abdi maca kisah Yésus di Perjangjian Anyar, abdi resep pisan. Kageuing ku kanyaah jeung welas asih anjeunna, abdi hayang nyonto anjeunna. Hanjakalna waktu beuki gedé, kahayang pikeun nyonto Yésus téh jadi leungit lantaran abdi kabawakeun ku pergaulan goréng.

 Bapa abdi pamaén saksofon. Bapa teu ngan saukur ngawariskeun saksofonna, tapi ogé karesepna kana musik. Musik téh jadi nu pangpentingna dina hirup abdi. Abdi resep pisan kana musik jeung ahirna diajar ngagitar. Ka dieunakeun, abdi jeung sababaraha babaturan nyieun grup band rock jeung osok manggung. Sababaraha produser musik nu kasohor merhatikeun terus nawarkeun kontrak abdi. Abdi nanda tangan kontrak jeung hiji pausahaan rekaman nu gedé. Lagu-lagu abdi jadi kasohor jeung sering disetél di radio di Quebec.

 Katingalina abdi geus boga sagalana. Abdi ngora kénéh, kasohor, jeung meunangkeun loba duit tina hobi abdi. Unggal poé biasana abdi indit ka gym, wawancara, hadir di sési tanda tangan, jeung ngeusi acara TV. Peutingna, abdi manggung jeung pésta-pésta. Ngarah tetep tenang di hareupeun loba fans, ti ngongora abdi osok nginum alkohol tapi kalah ka katutuluyan nepi ka maké narkoba. Abdi téh hirup rucah jeung sakarepna.

 Aya nu sirik ningali kahirupan abdi lantaran katingalina bagja. Tapi, dina jero haté mah abdi ngarasa hampa, komo pas keur sorangan. Abdi déprési jeung sok guligah. Hanjakalna, pas abdi keur suksés-suksésna, dua produser abdi maot lantaran AIDS. Abdi bener-bener teu nyangka! Sanajan abdi resep musik, abdi ijid kana gaya hirup jalma-jalmana.

KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI?

 Sanajan suksés, abdi ngarasa aya nu salah jeung dunya ieu. Ku naon aya loba kateuadilan? Abdi bingung ku naon Allah bet cicing waé. Malah, abdi sering ngadoa ka Allah ménta jawaban. Waktu keur euweuh jadwal konsér musik, abdi ngamimitian deui maca Alkitab. Sanajan teu bener-bener ngarti naon nu dibaca, abdi nyimpulkeun yén ahir dunya ieu geus téréh.

 Dina Alkitab, abdi maca Yésus téh pernah puasa salila 40 poé di gurun keusik. (Mateus 4:1, 2) Abdi mikir, lamun abdi puasa siga Yésus, meureun Allah bakal nyingkabkeun diri-Na ka abdi. Jadi, abdi netepkeun tanggal pikeun ngamimitian puasa. Dua minggu saacan tanggal éta, ari pék téh torojol dua Saksi Yéhuwa ngetrok imah abdi. Ku abdi langsung dititah asup. Abdi neuteup salah sahiji Saksi nu ngaranna Jacques tuluy nanya, ”Naon buktina urang hirup di ahir jaman?” Manéhna muka Alkitab jeung macakeun 2 Timoteus 3:1-5. Abdi teterusan nanyakeun hal séjén ka maranéhna jeung puas kana jawabanana nu asup akal jeung dumasar kana Kitab Suci. Sanggeus sababaraha kali didatangan, abdi sadar puasa téh teu perlu.

 Abdi rutin diajar Alkitab jeung Saksi. Ahirna, abdi nyukur buuk abdi nu panjang tuluy hadir di sakabéh acara pasamoan di Balé Karajaan. Maranéhna téh soméah ngabagéakeun abdi di pasamoan. Abdi beuki yakin geus manggihan bebeneran.

 Tangtu, pikeun ngalarapkeun pangajaran Alkitab, abdi kudu nyieun sababaraha parobahan gedé dina hirup abdi. Misalna, abdi kudu eureun maké narkoba jeung teu hirup rucah deui. Abdi gé kudu ngarobah sipat abdi nu mentingkeun diri jeung leuwih perhatian ka batur. Aya dua budak nu kudu digedékeun ku abdi sorangan. Abdi kudu diajar nyumponan kabutuhan émosi jeung rohanina maranéhna. Jadi, abdi ninggalkeun kariér musik jeung digawé di pabrik nu gajihna leutik.

 Nyieun sakabéh parobahan ieu téh teu gampang. Waktu rék eureun maké narkoba, abdi sok kasiksa lantaran katagihan jeung sababaraha kali maké narkoba deui. (Rum 7:19, 21-24) Tangtangan séjénna téh abdi kudu ninggalkeun hirup abdi nu rucah. Salian ti éta, pagawéan abdi nu ayeuna téh geus mah matak capé, gajihna leutik deuih. Gajih abdi tilu bulan sarua jeung gajih abdi waktu maén musik dua jam.

 Doa ngabantu abdi bisa nyieun parobahan nu hésé ieu. Abdi gé sadar yén maca Alkitab téh penting. Aya sababaraha ayat Alkitab nu ngagedékeun haté abdi. Salah sahijina téh ayat di 2 Korinta 7:1 nu ngajurung urang Kristen pikeun ”miceun sagala rereged lahir batin, hirup kudu beresih”. Ayat séjénna nu ngayakinkeun yén abdi sanggup miceun kabiasaan goréng téh Pilipi 4:13, nu nyebutkeun yén urang bisa kuat nandangan sagala kaayaan ”lantaran dikuatkeun ku kakawasaan” Allah. Allah Yéhuwa ngajawab doa abdi sarta mantuan abdi paham jeung ngalarapkeun bebeneran Alkitab. Ieu ngajurung abdi pikeun ngabaktikeun diri ka Mantenna. (1 Petrus 4:1, 2) Abdi dibaptis jadi Saksi Yéhuwa taun 1997.

MANGPAATNA KEUR ABDI

 Abdi yakin lamun teu barobah, meureun ayeuna abdi geus maot. Ayeuna, abdi bener-bener bagja! Elvie, pamajikan abdi téh, berkah nu luar biasa keur abdi. Abdi duaan resep ngajarkeun Alkitab ka batur sabagé palayan sapinuh waktu. Ieu nu ngalantarankeun hirup abdi bagja pisan jeung sugema. Abdi nganuhunkeun ka Yéhuwa lantaran geus narik abdi ka Mantenna.—Yohanes 6:44.