Pindah kana eusi

Naon Dua Alesan nu Nyababkeun Allah Teu Ngadangukeun Doa?

Naon Dua Alesan nu Nyababkeun Allah Teu Ngadangukeun Doa?

Jawaban Alkitab

 Aya sababaraha doa nu henteu didangukeun ku Allah. Pék perhatikeun dua alesan nu nyababkeun Allah ngabaékeun doa saurang jalma.

1.Doa nu teu luyu jeung kahoyong Allah

 Allah moal ngajawab doa nu papalingpang jeung kahoyong-Na atawa papakon-Na nu aya dina Alkitab. (1 Yohanes 5:14) Contona, Alkitab ngalarang urang jadi jalma nu hawek. Tapi, kabiasaan judi mekarkeun sipat hawek. (1 Korinta 6:9, 10) Jadi lamun Sadérék ngadoa pikeun meunangkeun judi, Allah tangtu moal ngajawab. Allah téh lain jin nu bisa Sadérék panggil pikeun ngabulkeun kabéh paménta Sadérék. Urang justru nganuhunkeun kana hal ieu. Lamun henteu, Sadérék bisa jadi sieun kana paménta batur ka Allah.—Yakobus 4:3.

2.Jalma nu ngadoa boga lalampahan nu nyimpang

 Allah moal ngadangukeun doa jalma-jalma nu ngahaja barontak ka Mantenna. Contona, aya jalma nu ngaku ngawula Mantenna tapi lalampahanna nyimpang. Allah ngomong ngeunaan maranéhna, ”Rek ngadaroa sakumaha rosana ge ku Kami moal ditolih. Sabab maraneh nadahkeun leungeun anu lamokot ku getih.” (Yesaya 1:15) Tapi, lamun maranéhna tobat sarta rukun deui jeung Allah, Mantenna bakal ngadangukeun doa maranéhna.—Yesaya 1:18.