Pindah kana eusi

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Puasa?

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Puasa?

Jawaban Alkitab

 Di jaman Israil kuno, puasa téh ditarima ku Allah lamun alesanana bener. Tapi lamun alesanana salah, puasa moal ditarima ku Allah. Sanajan kitu, dina Alkitab teu aya paréntah atawa larangan pikeun puasa di jaman kiwari.

Dina kaayaan naon waé sababaraha jalma ngajalankeun puasa di jaman baheula?

  •   Waktu ménta pitulung jeung bingbingan ti Allah. Urang Israil nu rék balik deui ka Yérusalém ngajalankeun puasa. Ieu nunjukkeun yén maranéhna bener-bener hayang ditangtayungan ku Allah. (Esra 8:21-23) Paulus jeung Barnabas ogé sakapeung sok puasa waktu rék milih para kokolot sidang jamaah.​—Rasul 14:23.

  •   Waktu museurkeun pikiran kana kahoyong Allah. Sanggeus dibaptis, Yésus puasa salila 40 poé. Anjeunna nyiapkeun diri pikeun ngajalankeun tugas ti Allah.​—Lukas 4:1, 2.

  •   Waktu hiji jalma tobat tina dosana. Liwat Nabi Yoél, Allah nyarios ka urang Israil nu teu satia, ”Geura tarobat sing bener, geura baralik deui ka Kami, kalawan puasa jeung midangdam.”​—Yoel 2:12-15.

  •   Waktu ngarayakeun Poé Pangampura Dosa. Dina Hukum Allah ka bangsa Israil, aya paréntah pikeun puasa dina Poé Pangampura Dosa nu dirayakeun unggal taun. (Imamat 16:29-31) Maranéhna kudu puasa sangkan inget yén maranéhna teu sampurna jeung butuh pangampura ti Allah.

Naon waé alesan nu salah pikeun puasa?

  •   Pikeun pamér. Yésus ngajarkeun yén puasa téh sakuduna hal nu sipatna pribadi antara hiji jalma jeung Allah.​—Mateus 6:16-18.

  •   Supaya katingali soléh. Puasa teu ngajadikeun jalma jadi leuwih suci atawa soléh.​—Lukas 18:9-14.

  •   Pikeun mupus dosa nu dihaja. (Yesaya 58:3, 4) Allah narima puasa nu dijalankeun ku jalma nu taat jeung bener-bener tobat tina dosana.

  •   Ngan saukur ngajalankeun kabiasaan ibadah. (Yesaya 58:5-7) Allah pasti teu resep ningali puasa nu siga kitu. Ieu bisa diibaratkeun saperti bapa nu teu resep ningali budakna ngahormat karana kawajiban, lain ku karana nyaah.

Naha urang Kristen wajib ngajalankeun puasa?

 Henteu. Allah maréntahkeun urang Israil pikeun puasa dina Poé Pangampura Dosa. Tapi, éta teu kudu dijalankeun deui sanggeus Yésus ngorbankeun dirina pikeun mupus dosa jalma-jalma nu tarobat. (Ibrani 9:24-26; 1 Petrus 3:18) Urang Kristen teu kudu ngajalankeun Hukum Musa, kaasup ngarayakeun Poé Pangampura Dosa. (Rum 10:4; Kolosa 2:13, 14) Ku kituna, unggal urang Kristen kudu mutuskeun sorangan naha rék puasa atawa henteu.​—Rum 14:1-4.

 Pikeun urang Kristen, puasa téh lain hal utama dina ibadah. Alkitab teu pernah nyebutkeun yén urang bakal bungah lamun puasa. Tapi, ibadahna urang Kristen sajati mah pinuh ku kabungah, sabab ieu luyu jeung sipat Yéhuwa, ”Allah nu bagja”.​—1 Timoteus 1:11, Terjemahan Dunia Baru; Pandita 3:12, 13; Galata 5:22.

Kasalahpahaman ngeunaan puasa

 Kasalahpahaman: Rasul Paulus ngajurung urang Kristen nu geus kawin pikeun puasa.​—1 Korinta 7:5, King James Version.

 Fakta: Naskah Alkitab nu pangheubeulna teu nyebutkeun ngeunaan puasa di 1 Korinta 7:5. Salian ti éta, geus kabukti yén nu nyalin Alkitab ogé nambahkeun katerangan ngeunaan puasa di ayat-ayat séjén, saperti Mateus 17:21; Markus 9:​29; jeung Rasul 10:30. Kalolobaan tarjamahan Alkitab modéren mupus katerangan ngeunaan puasa dina ayat-ayat éta.

 Kasalahpahaman: Urang Kristen kudu puasa pikeun miéling puasana Yésus salila 40 poé di gurun keusik sanggeus anjeunna dibaptis.

 Fakta: Yésus teu pernah maréntahkeun puasa nu kawas kitu. Salian ti éta, Kitab Suci gé teu pernah nyebutkeun yén urang Kristen nu mimiti ngajalankeun puasa nu kawas kitu.

 Kasalahpahaman: Urang Kristen kudu puasa waktu miéling pupusna Yésus.

 Fakta: Yésus teu maréntahkeun murid-muridna puasa waktu miéling pupusna anjeunna. (Lukas 22:14-18) Waktu Yésus ngomong yén murid-muridna bakal puasa waktu anjeunna maot, anjeunna lain keur méré paréntah tapi keur ngajelaskeun naon nu bakal dilakukeun ku maranéhna. (Mateus 9:15) Alkitab méré nyaho yén urang Kristen nu lapar kudu dahar heula di imah saacan datang ka Pangéling-ngéling pupusna Yésus.​—1 Korinta 11:33, 34.