Pindah kana eusi

Na Pamaréntahan Allah téh Aya di Jero Haté Anjeun?

Na Pamaréntahan Allah téh Aya di Jero Haté Anjeun?

Jawaban Alkitab

 Henteu. Pamaréntahan Allah téh lain kaayaan di jero haté urang Kristen hungkul. a Alkitab méré nyaho tempatna. Di ditu disebutkeun, ieu téh ”Karajaan Sawarga”. (Matius 4:17, KITAB SUCI © LAI 1991) Pék perhatikeun kumaha Alkitab nunjukkeun yén Pamaréntahan ieu téh bener-bener maréntah ti sorga.

  •   Pamaréntahan Allah téh boga pamingpin, rahayat, hukum, jeung rencana pikeun ngawujudkeun kahayang Allah di sorga jeung di bumi.​—Matius 6:10; Wahyu 5:10.

  •   Pamaréntahan atawa Karajaan Allah bakal maréntah ”sakabeh bangsa, sakabeh seler bangsa, sabasana-sabasana” di bumi. (Daniel 7:13, 14) Wewenangna téh dibéré langsung ku Allah, lain ku rahayatna.​—Jabur 2:4-6; Yesaya 9:7.

  •   Isa méré nyaho ka para rasulna nu satia yén maranéhna gé bakal ”diuk dina tahta” Pamaréntahan sorga bareng jeung Isa.​—Lukas 22:28, 30.

  •   Pamaréntahan Allah téh boga musuh nu engké bakal dimusnakeun.​—Jabur 2:1, 2, 8, 9; 110:1, 2; 1 Korintus 15:25, 26.

 Alkitab teu ngajarkeun yén Pamaréntahan sorga téh aya dina haté atawa maréntah liwat haté urang. Tapi, Alkitab gé nyebutkeun ”warta ngeunaan Pamaréntahan Allah” atawa ”warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah” bisa ngageuing haté urang.​—Matius 13:19; 24:14.

Naon maksudna Pamaréntahan Allah ”ngadegna teh di jero diri”?

 Jalma-jalma bingungeun di mana sabenerna Pamaréntahan Allah sabab aya sababaraha tarjamahan Alkitab nu kaliru. Misalna, Lukas 17:21 dina KITAB SUCI © LAI 1991 nyebutkeun, Pamaréntahan Allah ”ngadegna teh di jero diri” urang. Tapi supaya leuwih ngarti kana ayat ieu, urang kudu apal heula ngeunaan kisahna.

Pamaréntahan Allah téh teu aya di jero haté jalma-jalma nu nentang jeung nu hayang maéhan Isa

 Harita, Isa téh keur ngomong jeung urang Farisi. Maranéhna téh sakelompok pamingpin agama nu nentang sarta nu nyieun rencana pikeun maéhan Isa. (Matius 12:14; Lukas 17:20) Jadi, asup akal kitu pikeun mikir yén Pamaréntahan ieu téh aya dina haté maranéhna nu bedegong? Isa ngomong kieu, ”Maranéh téh marunapék jeung jarahat pisan.”​—Matius 23:27, 28.

 Dina sababaraha tarjamahan Alkitab séjén, kekecapan di Lukas 17:21 téh ditarjamahkeun sacara akurat. Misalna, ”Karajaan Allah teh aya di kalangan aranjeun.” (Alkitab Bahasa Sunda Edisi Formal 1997 [SF]) ”Pamaréntahan Allah aya di antara maranéh.” (Tarjamahan Dunya Anyar, catetan handap) Jadi, Pamaréntahan sorga aya ”di kalangan” atawa ”di antara” urang Farisi téh maksudna Isa, nu geus dipilih ku Allah sabagé Raja, keur nangtung di hareupeun maranéhna.​—Lukas 1:32, 33.

a Loba golongan agama Kristen ngajarkeun yén Pamaréntahan Allah téh aya dina diri saurang jalma atawa di jero haténa. Misalna, Gereja Baptis Selatan di Amerika Serikat nyebutkeun yén Pamaréntahan Allah téh ”aya di jero haté jeung kahirupan unggal jalma”. Terus dina buku Jesus of Nazareth, Paus Benedict XVI gé nyebutkeun yén ”Pamaréntahan Allah aya di jero haté jalma-jalma nu daék ngadéngékeun.”