Pindah kana eusi

Kumaha Carana Nyobat jeung Allah?

Kumaha Carana Nyobat jeung Allah?

Jawaban Alkitab

 Urang bisa nyobat jeung Allah lamun urang diajar ngeunaan Allah jeung ngalakukeun hal-hal nu dipikaresep ku Mantenna. Ku kituna, Allah gé bakal ngadeukeutan urang. (Yakobus 4:8) Urang bisa yakin ku sabab Alkitab nyebutkeun Allah téh ”henteu jauh ti diri urang masing-masing”.—Rasul 17:27.

 Urang kudu ngalakukeun naon supaya bisa kenal ka Allah?

 Maca Alkitab

  •  Ceuk Alkitab: ”Eusi Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah.”—2 Timoteus 3:16.

  •  Hartina: Nu ngarang Alkitab téh Allah sorangan. Mantenna nepikeun pamikirana-Na liwat jalma-jalma nu nulis Alkitab. Liwat buku nu istiméwa ieu ogé, Allah méré nyaho urang yén Mantenna téh hayang urang hirup bagja. Allah gé méré nyaho urang ngeunaan sipat-sipat-Na, saperti kaasih, adil, jeung karunyaan.—Budalan 34:6; Pamindo 32:4.

  •  Nu bisa urang lakukeun: Baca Alkitab unggal poé. (Yosua 1:8) Waktu maca Alkitab, pék pikirkeun: ’Tina ayat ieu, kumaha sipat Allah téh?’—Jabur 77:13.

     Contona, waktu maca Yermia 29:11, pék pikirkeun: ’Allah téh hayang urang hirup senang atawa cilaka? Allah téh kejem atawa hayang urang boga harepan nu éndah?’

 Perhatikeun ciciptaan

  •  Ceuk Alkitab: ”Kapan ti barang aya dunya oge, sipat-sipat [Allah], — sanajan teu bisa katenjo, upamana bae kakawasaana-Na anu langgeng — geus nyata tur tetela tina yasa dadamelana-Na.”—Rum 1:20, Sunda Formal.

  •  Hartina: Karya seni atawa mesin nu canggih bisa nyirikeun jiga kumaha nu nyieunna. Kitu ogé, ciciptaan téh bisa némbongkeun sipat-sipat Allah. Misalna, kamampuh otak manusa némbongkeun hikmat Allah. Kitu ogé, tanaga ti panonpoé jeung béntang-béntang séjénna némbongkeun kawasa Allah.—Jabur 104:24; Yesaya 40:26.

  •  Nu bisa urang lakukeun: Sadiakeun waktu pikeun merhatikeun alam jeung ciciptaan. Bari merhatikeun, pék pikirkeun: ’Tina ciciptaan-ciciptaan ieu, urang bisa diajar naon ngeunaan Allah?’ a Tapi, masih aya loba hal ngeunaan Allah nu teu bisa dicaritakeun ku ciciptaan, éta sababna Allah nyadiakeun Alkitab.

 Gunakeun nami Allah

  •  Ceuk Alkitab: ’Anu ngaku [nami] Kami teh . . . tangtu ku Kami ditangtayungan. Ana maranehna nyambat ka Kami tangtu dibales.’—Jabur 91:14, 15.

  •  Hartina: Allah merhatikeun jalma-jalma nu ngaku sarta ngahormat nami-Na. b (Jabur 83:18, Terjemahan Dunia Baru [NW]; Malaki 3:16) Allah hayang urang kenal ka Mantenna, jadi Allah méré nyaho nami-Na. Ceuk Allah, ”Kami téh Yéhuwa. Éta nami Kami.”—Yesaya 42:8, NW.

  •  Nu bisa urang lakukeun: Gunakeun nami Yéhuwa waktu ngadoa jeung nyaritakeun ngeunaan Mantenna ka batur.

 Ngadoa ka Yéhuwa

  •  Ceuk Alkitab: ”Mantenna deukeut ka sakur anu sasambat . . . ka Mantenna.”—Jabur 145:18.

  •  Hartina: Yéhuwa deukeut ka jalma-jalma nu ngadoa jeung percaya ka Mantenna. Doa téh bagian tina ibadah. Doa ogé némbongkeun urang bener-bener ngahormat ka Allah.

  •  Nu bisa urang lakukeun: Sing sering ngadoa. (1 Tesalonika 5:17) Caritakeun ka Mantenna kasusah jeung parasaan Sadérék.—Jabur 62:9. c

 Sing boga iman ka Allah

  •  Ceuk Alkitab: ”Taya saurang-urang acan jelema anu dipikaseneng ku Allah teu karana kapercayaanana.”—Ibrani 11:6.

  •  Hartina: Lamun urang hayang nyobat jeung Allah, urang kudu percaya jeung boga iman ka Mantenna. Alkitab nyebutkeun iman téh teu ngan saukur percaya yén Allah téh aya, tapi urang gé kudu percaya kana sagala jangji-Na sarta patokan hirup nu dibéré ku Allah. Lamun urang hayang nyobat jeung saurang jalma, urang kudu percaya ka manéhna.

  •  Nu bisa urang lakukeun: Iman nu sajati téh dasarna kana pangaweruh. (Rum 10:17) Jadi lamun urang diajar Alkitab, urang bisa ningali yén Allah jeung naséhat-Na bisa dipercaya. Saksi-Saksi Yéhuwa resep mantuan Sadérék pikeun diajar Alkitab. d

 Sing nurut ka Allah

  •  Ceuk Alkitab: ”Tandana nyaah ka Allah teh nurut kana parentah Mantenna.”—1 Yohanes 5:3.

  •  Hartina: Yéhuwa téh deukeut ka jalma-jalma nu nurut kana paréntah-Na, ieu téh bukti maranéhna nyaah ka Yéhuwa.

  •  Nu bisa urang lakukeun: Waktu diajar Alkitab, perhatikeun naon nu dipikaresep jeung naon nu dipikageuleuh ku Allah. Sanggeus éta, pék pikirkeun, ’Aya teu nu kudu dirobah supaya abdi bisa nyenangkeun Allah?’—1 Tesalonika 4:1.

 Pék rasakeun Allah téh nyaah ka urang

  •  Ceuk Alkitab: ”Pek rarasakeun, kumaha saena PANGERAN.”—Jabur 34:9.

  •  Hartina: Allah téh hayang urang ngarasakeun sorangan sakumaha bageur Mantenna. Lamun urang geus ngarasakeun Allah téh nyaah jeung perhatian ka urang, urang jadi hayang nyobat jeung Mantenna.

  •  Nu bisa urang lakukeun: Sanggeus maca Alkitab, jalankeun naséhat-naséhat ti Allah, jeung rasakeun sorangan mangpaatna. (Yesaya 48:17, 18) Tingali ogé pangalaman-pangalaman batur. Perhatikeun kumaha maranéhna dibantu ku Allah pikeun nyanghareupan masalah-masalahna. Kahirupan maranéhna jeung kulawargana jadi leuwih bagja. e

 Pamikiran nu salah ngeunaan Allah

 Pamikiran nu salah: Allah téh Mahakawasa jeung Maha Agung, urang moal mungkin bisa jadi sobat-Na.

 Nu sabenerna: Najan Allah téh Mahakawasa jeung Maha Agung, tapi Allah hayang nyobat jeung urang. Dina Alkitab, aya conto jalma-jalma nu dianggap sobat ku Allah.—Rasul 13:22; Yakobus 2:23.

 Pamikiran nu salah: Urang teu bisa kenal ka Allah, ku sabab Mantenna teu bisa dipikaharti.

 Nu sabenerna: Mémang aya sababaraha hal ngeunaan Allah nu teu bisa dipikaharti. Contona, Mantenna téh mahluk roh nu teu katingali. Tapi, urang bisa tetep kenal ka Allah. Malah Alkitab nyebutkeun lamun urang hayang hirup langgeng, urang kudu kenal ka Mantenna. (Yohanes 17:3) Alkitab gé ngajelaskeun siga kumaha Allah téh maké kekecapan nu bisa dipikaharti ku urang. Misalna, sipat-sipat Allah, tujuana-Na keur manusa jeung bumi, sarta patokan-patokan hirup nu ditetepkeun ku Allah. (Yesaya 45:18, 19; 1 Timoteus 2:4) Salian ti éta, Alkitab gé méré nyaho nami Allah. (Jabur 83:18, NW) Jadi, urang teu ngan saukur bisa kenal wungkul ka Allah, tapi urang bisa nyobat jeung Allah.—Yakobus 4:8.

a Tingali conto-conto ciciptaan nu ngabuktikeun hikmah Allah dina artikel ”Naha Ieu Dirancang?

b Loba jalma apal harti nami Yéhuwa téh nyaéta ”Mantenna nu Nyababkeun.” Ku cara ngenalkeun nami-Na, Allah téh siga ngomong, ”Kuring bakal ngajalankeun rencana jeung kahayang Kuring. Jangji Kuring pasti laksana.”

d Pikeun katerangan leuwih loba, mangga tingali vidéo Saperti Kumaha Palajaran Alkitab Saksi-Saksi Yéhuwa téh?

e Tingali séri artikel ”Alkitab Ngarobah Kahirupan.”