Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Na Alus mun Urang Bisa Ngagawékeun Sababaraha Hal Sakaligus?

Na Alus mun Urang Bisa Ngagawékeun Sababaraha Hal Sakaligus?

 Na anjeun bisa ngagawékeun sababaraha hal sakaligus?

 Na anjeun bisa ngagawékeun sababaraha hal sakaligus? Loba nu mikir, jalma nu geus biasa maké téknologi ti leuleutik téh leuwih bisa ngagawékeun sababaraha hal sakaligus ti batan jalma nu kakara diajar téknologi sanggeus manéhna déwasa. Tapi, na mémang kitu?

 BENER atawa SALAH?

  •   Mun bisa ngagawékeun sababaraha hal sakaligus, urang ngirit waktu.

  •   Ku latihan, urang bakal jago ngagawékeun sababaraha hal sakaligus.

  •   Barudak ngora leuwih bisa ngagawékeun sababaraha hal sakaligus ti batan nu kolot.

 Mun aya hiji waé nu ceuk anjeun ”bener”, anjeun téh geus kapangaruhan ku pandangan nu salah.

 Pandangan nu salah

 Na anjeun bisa ngagawékeun dua hal sakaligus? Nya meureun bisa, mun salah sahijina teu butuh konséntrasi. Misalna, anjeun bebersih kamar bari jeung ngadéngékeun lagu. Teu masalah, kamar anjeun bakal bersih.

 Tapi, kumaha mun anjeun ngagawékeun dua hal sakaligus, nu duanana butuh konséntrasi? Biasana duanana bakal kacow. Meureun éta sababna budak ngora nu ngaranna Katherine ngomong kieu, ”Lainna jadi alus, puguh kabéh jadi kacow.”

 ”Harita abdi ngobrol jeung saurang jalma bari sms-an jeung batur. Abdi ngalakukeun duanana sakaligus. Tapi tungtungna, abdi teu ngadéngékeun nu keur ngomong jeung jadi loba salah ketik.”—Caleb.

 Ahli téknologi Sherry Turkle nulis, ”Waktu urang ngagawékeun sababaraha hal sakaligus, urang jadi teu konséntrasi. Ngagawékeun sababaraha hal sakaligus téh bisa ngarangsang otak. Urangna jadi sumanget jeung mikir hasilna bakal leuwih alus, padahal mah leuwih goréng.” a

 ”Abdi sok ngarasa hébat sabab bisa sms-an bari ngobrol jeung batur. Tapi nyaho teu, nu kuduna di sms kalah ka diomongkeun, nu kuduna diomongkeun kalah ka diketik!”—Tamara.

 Jalma nu hayang ngagawékeun sababaraha hal sakaligus téh sabenerna mah nyusahkeun dirina sorangan. Misalna, maranéhna sok jadi leuwih lila ngagawékeun tugas. Atawa lantaran hasilna goréng, manéhna jadi kudu ngagawékeunana dua kali. Tah, éta téh kalah ka miceunan waktu!

 Thomas Kersting, saurang psikoterapis nu jadi guru BP di sakolaan ngomong, ”Mun otak urang bisa diibaratkeun jiga laci arsip, jalma nu sok ngagawékeun sababaraha hal sakaligus téh otakna jiga laci nu pabalatak.” b

 ”Beuki loba hal nu hayang digawékeun sakaligus, beuki gampang urang poho kana hal-hal nu penting. Tungtungna, urang kalah ka kudu digawé leuwih beurat jeung miceunan waktu.”—Teresa.

Ngagawékeun sababaraha hal sakaligus téh bisa diibaratkeun jiga nyetir dina dua jalan

 Cara nu leuwih hadé

  •   Latih diri pikeun konséntrasi kana hiji hal. Bisa jadi éta téh teu gampang, komo deui mun anjeun geus biasa ngalakukeun sababaraha hal sakaligus, misalna diajar bari sms-an. Tapi Kitab Suci méré naséhat sangkan urang ”terang ka anu panghadena”. (Pilipi 1:10) Teu kabéh tugas téh sarua pentingna. Jadi, gawékeun heula nu leuwih penting jeung konséntrasi nepi ka anggeus.

     ”Jiga ka budak leutik, kadang urang teu meunang nyumponan kabéh kahayangna. Kitu ogé mun urang hayang ngagawékeun sababaraha hal sakaligus, otak moal bisa konséntrasi. Urang kudu bisa ngadalikeun diri.”—Maria.

  •   Ulah disimpangkeun. Na anjeun sok hayang ngoprék HP waé pas keur diajar? Teundeun HP-na di tempat séjén. Pareuman TV jeung tong mikiran média sosial! Ceuk Kitab Suci, ”Tiap kasempetan [atawa, waktu] gunakeun sing bijaksana.”—Kolosa 4:5.

     ”Keur abdi mah, mendingan abdi konséntrasi kana hiji hal heula. Abdi jadi leuwih bagja sabab mun nu hiji geus bérés, abdi bisa ngagawékeun nu séjénna. Rasana téh puas pisan.”—Onya.

  •   Perhatikeun mun batur keur ngomong. Ngobrol jeung batur bari maén HP téh teu sopan jeung moal bener ngobrolna. Ceuk Kitab Suci, urang kudu hadé ka batur, sakumaha hayang meunang kahadéan ti batur.—Mateus 7:12.

     ”Sakapeung mun ngobrol jeung si Tétéh, manéhna téh sok bari sms-an atawa maén HP. Mani keuheul pisan! Tapi, abdi gé sok kitu kétang!”—David.

a Tina buku Reclaiming Conversation.

b Tina buku Disconnected.