Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Cara nu Hadé pikeun Ngagunakeun Akun Poto dina Internét?

Kumaha Cara nu Hadé pikeun Ngagunakeun Akun Poto dina Internét?

 Liburan anjeun téh mani resep pisan, jadi anjeun hayang méré nyaho babaturan anjeun! Anjeun bakal kumaha?

  1.   Ngirim surat atawa kartu pos ka kabéh babaturan

  2.   Ngirim e-mail ka kabéh babaturan

  3.   Masang poto dina Internét

 Basa kolot anjeun keur saumur anjeun, bisa jadi hiji-hijina cara téh ngan nu ”A”.

 Sababaraha taun katukang, bisa jadi anjeun milih cara nu ”B”.

 Tapi ayeuna mah, kalolobaan budak ngora nu bisa masang poto dina Internét leuwih milih cara nu ”C”. Ari anjeun kumaha? Lamun anjeun gé siga kitu, artikel ieu bakal ngabantu anjeun nyingkahan sababaraha bahaya.

 Naon waé mangpaatna?

 Gancang. ”Lamun abdi keur liburan atawa ulin jeung babaturan, abdi bisa ngabagikeun poto ka batur harita kénéh, pas keur resep-resepna.”—Melanie.

 Gampang. ”Mun hayang nyaho kabar babaturan, mending ningalian poto maranéhna dina Internét ti batan kudu ngirim e-mail.”—Jordan.

 Ngarasa tetep deukeut. ”Aya babaturan jeung kulawarga abdi nu imahna jauh. Jadi lamun maranéhna sering masang poto, terus ku abdi sering ditingali, asana téh siga panggih jeung maranéhna unggal poé!”—Karen.

 Naon waé bahayana?

 Kasalametan anjeun bisa kaancam. Lamun dina kaméra anjeun aya fitur geotagging, poto nu dipasang ku anjeun bisa méré nyaho leuwih loba informasi ti batan nu dipikahayang ku anjeun. Situs Digital Trends ngalaporkeun, ”Mun kaméra urang maké éta fitur, poto atawa hal séjén nu dipasang dina Internét bisa nunjukkeun lokasi urang. Ku hiji program husus, jalma jahat jadi bisa manggihan lokasi urang.”

 Éta ogé bisa dimangpaatkeun ku penjahat pikeun néangan imah mana nu keur kosong. Dina hiji kasus nu dilaporkeun ku Digital Trends, tilu maling bisa asup ka 18 imah nu kosong. Ti mana maranéhna bisa apal imah-imah éta keur kosong? Maranéhna ngagunakeun Internét pikeun ningali, nu boga imahna keur aya atawa henteu. Ku cara kitu, maranéhna bisa ngarampog barang-barang nu hargana leuwih ti 100.000 dolar AS.

 Anjeun bisa teu ngahaja ningali hal-hal nu teu pantes. Sababaraha jalma teu éra masang poto naon waé nu bisa ditingali ku kabéh jalma. Budak ngora nu ngaranna Sarah ngomong, ”Nu jadi masalah téh lamun anjeun ningalian akun jalma nu teu dikenal. Ieu téh ibarat keur leuleumpangan di kota batur bari teu mawa péta. Ahirna anjeun bisa nyasab di tempat nu teu dipikahayang.”

 Miceunan waktu. Saurang budak ngora nu ngaranna Yolanda ngomong, ”Lamun urang kabiasaan ningalian poto jeung maca koméntar kabéh jalma, urang jadi nyonyoo HP terus lantaran hayang nyaho nu panganyarna.”

Anjeun kudu bisa ngadalikeun diri lamun hayang nyieun akun pikeun ngabagikeun poto dina Internét

 Budak ngora nu ngaranna Samantha ogé satujueun. Ceuk manéhna, ”Abdi osok nangtukeun sabaraha lila rék ningali situs-situs siga kieu. Urang kudu bener-bener bisa ngadalikeun diri lamun hayang nyieun akun poto dina média sosial.”

 Nu bisa dilakukeun ku anjeun

  •   Kudu boga tékad pikeun nyingkahan hal-hal nu teu pantes. Ceuk Kitab Suci, ”Abdi moal neundeun naon waé nu teu aya gunana di hareupeun panon abdi.”—Jabur 101:3, Terjemahan Dunia Baru.

     ”Abdi osok mariksa naon waé nu dipasang ku babaturan dina média sosial, lamun aya nu teu pantes, ku abdi bakal di-unfollow (teu bisa ningali akunna deui).”—Steven.

  •   Jauhan jalma nu laku lampahna goréng, sabab anjeun bisa kabawakeun. Ceuk Kitab Suci, ”Aranjeun ulah kabobodo. Sabab, ’Pergaulan goreng ngaruksak sipat nu hade.’”—1 Korinta 15:33.

     ”Sing ati-ati mun rék ningali poto-poto nu keur héboh. Biasana aya nu sok teu pantes, cabul, atawa aya hal-hal goréngna.”—Jessica.

  •   Tangtukeun sabaraha lila anjeun rék muka média sosial jeung sabaraha sering rék masang poto. Ceuk Kitab Suci, ”Hirup sing ati-ati: Kudu lantip wijaksana, ulah milih anu nirca. . . . Tiap waktu . . . kudu digunakeun enya-enya.”—Epesus 5:15, 16, Sunda Formal.

     ”Jalma-jalma nu sering teuing masang poto, ku abdi di-unfollow. Misalna, aya nu indit ka basisir, tuluy masang poto kerang nu sarua, nepi ka 20 poto. Nu bener wéh atuh! Ningalian nu kitu mah méakkeun waktu pisan!”—Rebekah.

  •   Ulah masang poto-poto nu nyombongkeun diri sorangan. Paulus nu nulis Kitab Suci ngomong, ”Ulah boga rasa diri leuwih ti kaayaan anu sabenerna.” (Rum 12:3) Tong mikir babaturan anjeun bakal resep ningali kabéh poto anjeun jeung kagiatan anjeun.

     ”Aya nu teterusan masang poto selfie. Lamun manéhna babaturan abdi, nya abdi pasti apal atuh beungeutna. Teu perlu teterusan nunjukkeun potona!”—Allison.