Pindah kana eusi

Mun Abdi Resep ka Sasama Jenis, Abdi téh Homo Kitu?

Mun Abdi Resep ka Sasama Jenis, Abdi téh Homo Kitu?

 Henteu!

 Fakta: Biasana, parasaan resep ka sasama jenis téh ngan parasaan nu sementara hungkul. a

 Lisette, budak awéwé nu umurna 16 taun, pernah resep ka saurang awéwé deui. Ceuk manéhna, ”Dina palajaran biologi di sakola, abdi diajarkeun, waktu keur rumaja téh hormon urang gancang pisan naék turunna. Abdi ngarasa lamun budak ngora séjén nyaho ngeunaan hal ieu, maranéhna bakal ngarti, parasaan ieu téh ngan sementara. Maranéhna gé moal ngarasa maranéhna téh homo.”

Saurang budak ngora kudu milih rék nuturkeun pamikiran dunya nu salah ngeunaan séks atawa nuturkeun patokan hirup nu alus tina Firman Allah

 Tapi kumaha lamun parasaan resep ka sasama jenis téh teu leungit-leungit? Naha enya éta hartina Allah téh jahat ku lantaran nitah saurang jalma nu resep ka sasama jenis pikeun nyingkahan homoséks?

 Lamun anjeun ngarasa Allah téh jahat, anjeun kudu nyaho heula, sabenerna jalma-jalma téh mikir kitu lantaran maranéhna ngarasa napsu séks téh kudu dituturkeun. Béda jeung Alkitab, Alkitab mah ngahargaan martabat manusa. Alkitab nyebutkeun yén sabenerna manusa téh bisa milih, rék nuturkeun napsu séksna nu salah atawa henteu.​—Kolose 3:5.

 Prinsip dina Alkitab téh lainna teu asup akal. Alkitab méré nyaho urang pikeun ”geura nyingkah tina lampah cabul”, boh ka nu resep ka lawan jenis boh ka nu resep ka sasama jenis. (1 Korintus 6:18) Sabenerna, aya jutaan jalma nu resep ka lawan jenis bisa ngadalikeun dirina najan aya gogoda lantaran maranéhna téh nuturkeun prinsip-prinsip dina Alkitab. Éta hartina jalma-jalma nu resep ka sasama jenis gé bisa nuturkeun prinsip Alkitab lamun hayang nyenangkeun Allah.​—Pamindo 30:19.

[Catetan Handap]

a Prinsip dina artikel ieu téh boh keur lalaki boh keur awéwé