Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Mun Abdi Teu Ditarima ku Babaturan?

Kumaha Mun Abdi Teu Ditarima ku Babaturan?

 ”Mun urang béda sorangan, urang jadi teu boga batur, hirup gé asa hampa jeung teu jelas. Urang bakal ngarasa sepi jeung dipohokeun.”—Carl.

 Éta siga nu kaleuleuwihi? Bisa jadi. Tapi, aya wéh nu daék ngalakukeun naon waé supaya teu ngarasakeun nu disebutkeun ku Carl tadi. Lamun anjeun kumaha? Artikel ieu bisa ngabantu anjeun pikeun néang babaturan ku cara nu leuwih alus.

 Ku naon jalma-jalma hayang ditarima ku babaturanana?

  •   Ku sabab maranéhna embung dipohokeun. ”Dina média sosial, abdi ningali poto babaturan abdi keur arulin, tapi abdi teu diajak. Nu kapikir téh ngan, ’Salah naon abdi téh,maranéhna nepi ka embung ulin jeung abdi.’”—Natalie.

     PANANYA KEUR DIPIKIRKEUN: Anjeun pernah teu ngarasa dipohokeun ku babaturan? Anjeun pernah teu barobah ngarah bisa ditarima ku babaturan?

  •   Ku sabab maranéhna embung dianggap béda sorangan. ”Abdi ku kolot teu diidinan boga handphone. Jadi pas aya nu nanya nomor abdi, abdi ngomong abdi mah teu boga handphone. Terus maranéhna ngomong, ’Maenya? Geus umur sabaraha manéh téh?’ Abdi jawab umur 13, maranéhna asa watireun ka abdi.”—Mary.

     PANANYA KEUR DIPIKIRKEUN: Naha aturan ti kolot nyieun anjeun jadi béda jeung batur? Kumaha carana anjeun ngajalankeun aturan éta?

  •   Ku sabab maranéhna embung dipoyokan. ”Babaturan abdi di sakola teu resep mun aya budak nu kalakuan, cara ngomong, jeung agamana béda sorangan. Mun urang béda, urang bakal diarah jeung dipoyokan.”—Olivia.

     PANANYA KEUR DIPIKIRKEUN: Naha anjeun pernah dipoyokan atawa digencét ku sabab béda jeung batur? Kumaha cara anjeun nyanghareupanana?

  •   Ku sabab maranéhna embung kaleungitan babaturan. ”Abdi nyoba nurutan gaya babaturan abdi. Cara ngomong abdi jadi siga maranéhna. Abdi pipilueun nyeungseurikeun hal-hal nu sabenerna mah teu bodor. Malah abdi gé jadi pipilueun ngaléléwé batur, padahal abdi apal éta téh nganyenyeri haté batur.”—Rachel.

     PANANYA KEUR DIPIKIRKEUN: Naha penting pisan keur anjeun pikeun ditarima ku babaturan? Anjeun pernah teu jadi ngarobah kalakuan jeung cara ngomong ngan supaya bisa ditarima ku batur?

 Nu kudu dipikanyaho

  •   Pipilueun batur téh malah bisa nyieun batur teu resep ka anjeun. Ku naon? Ku sabab batur bisa ningali yén anjeun ngan pura-pura. Ceuk Brian nu umurna 20 taun, ”Abdi malah dijauhan ku babaturan di kelas, ku sabab kalakuan abdi ngan pura-pura wungkul. Abdi jadi sadar nu pangalusna téh jadi diri sorangan, ku sabab batur bisa nyaho mun urang keur pura-pura.”

     CARA NU LEUWIH ALUS: Pikirkeun naon nu leuwih penting. Ceuk Alkitab, ”Milih-milih mana anu hade.” (Pilipi 1:10, Sunda Formal) Jadi anjeun bisa nanya ka diri sorangan, ’Naon nu leuwih penting, ditarima ku batur nu prinsipna béda jeung urang atawa jadi diri sorangan?’

     ”Nurutan batur téh taya gunana. Batur moal jadi beuki resep ka urang. Urang gé moal jadi jalma nu leuwih hadé.”—James.

  •   Lamun maksakeun diri pikeun ditarima ku batur, urang teu bisa jadi diri sorangan. Demi ditarima ku babaturan, anjeun teterusan ngalakukeun hal nu ngan dipikahayang maranéhna. ”Abdi ngalakukeun sagalana supaya bisa ditarima ku babaturan abdi, sanajan réputasi abdi jadi ruksak. Tapi maranéhna kalah ka jadi ngatur-ngatur abdi. Abdi jadi siga bonéka maranéhna,” ceuk budak ngora nu ngaranna Jeremy.

     CARA NU LEUWIH ALUS: Anjeun kudu terus nyepeng prinsip hirup anjeun jeung ngajalankeunana. Ulah jadi siga londok nu sok barobah warna gumantung sakurilingeunana. Ku kituna Alkitab nyebutkeun, ”Ulah tuturut ka jalma rea anu marigawe kasalahan.”—Budalan 23:2.

     ”Abdi pipilueun mikaresep naon nu dipikaresep maranéhna, siga musik, game, papakéan, hiburan, jeung cara dangdan . . . Abdi nyoba supaya sarua siga maranéhna. Tapi lain ngan abdi sorangan nu nyaho abdi téh pura-pura, sigana babaturan abdi gé nyaho. Ahirna abdi jadi sedih jeung teu boga batur, malahan teu nyaho deui saha abdi nu sabenerna. Abdi teu nyaho naon nu abdi resep jeung abdi hayang. Ahirna abdi sadar teu kabéh jalma cocog jeung resep ka urang. Tapi éta lain hartina urang kudu nyerah. Urang kudu sabar, perlu waktu pikeun boga babaturan jeung jadi jalma nu déwasa.”—Melinda.

  •   Maksakeun diri pikeun sarua jeung batur bisa ngarobah sikep anjeun. Budak ngora nu ngaranna Chris ningali langsung kumaha dulurna jadi barobah. Ceuk Chris, ”Manéhna mulai ngalakukeun hal-hal nu biasana moal dilakukeun ku manéhna, contona maké narkoba. Éta téh ngan pédah ditarima ku babaturanana. Ahirna manéhna jadi bener-bener kacanduan narkoba, hirupna jadi ruksak.”

     CARA NU LEUWIH ALUS: Jauhan jalma-jalma nu prinsip hirupna goréng. Ceuk Alkitab, ”Pek nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter. Pek babaturan jeung nu garejul, tangtu ancur.”—Siloka 13:20.

     ”Sakapeung alus lamun urang usaha supaya ditarima ku babaturan. Tapi ulah ngalakukeun nu teu bener pédah hayang ditarima. Engkéna gé urang bakal manggihan batur nu cocog jeung urang.”—Melanie.

     Saran: Lamun keur néangan batur nu anyar, ulah ngan néangan jalma-jalma nu karesepna sarua. Téangan jalma-jalma nu boga prinsip nu sarua dina karohanian, ahlak, jeung moral.

    Teu kabéh baju alus dipaké ku urang, kitu gé teu kabéh jalma méré pangaruh alus ka urang